Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci ramana (9)
- Dongeng Sasakala: SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU
1 Mar 2002 - 2:31 am
Jaman baheula di pulo Jawa beulah Kulon, ngadeg hiji karajaan nu diratuan ku Prabu Rakata. Sang Prabu kagungan putra dua. Anu cikal jenengan Raden Sundana, anu bungsu Raden Tapobrana. Harita mah Pulo Jawa sareng Sumatera teh ngahiji.
Ku margi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, teras masrahkeun karajaan ka putra-putrana. Karajaan teh dibagi dua. Anu palih Wetan ka Raden Sundana, nu palih Kulon ka Raden Tapobrana.- Dongeng Sasakala: SITU LENGKONG
18 Feb 2002 - 7:29 am
Jaman baheula, anu jumeneng raja di nagara Cipanjalu, jujulukna Prabu Cakradewa. Anjeunna kagungan putra pameget hiji, kakasihna Prabu Borosngora.
Barang putrana geus sawawa, ku ramana dipiwarang ngalalana nyiar pangabisa.
Sanggeus mangtaun-taun lilana di pangumbaraan, anjeunna mulih deui ka bali geusan ngajadi. Sasumpingna, ramana ngayakeun pesta, sarta nanggap ronggeng sagala, ramena teu kira-kira.- SILIH ASIH, SILIH ASAH, SILIH ASUH (3)Ku: Hidayat Suryalaga
6 Sep 2001 - 10:06 am
Kecap ASUH ngandung harti ngabingbing, ngatik ngadidik, ngajeujeuhkeun, makihikeun, silih raksa, silih riksa, silih jaga dibarengan ku rasa nyaah jeung asih. Jadi SILIH ASUH bisa dihartikeun silih aping silih jaring, silih pikanyaah, silih pihapekeun diri, silih tanggeuy ku kadeudeuh, silih ajen inajenan, silih hormat. Nu ahirna ngawujudkeun rasa anu tengtrem ayem, pinuh ku geter silaturahmi anu wening.
- Minawoh Pandawa Lilima
22 Aug 2001 - 12:00 am
Dina raraga mekarkeun sareng ngawanohkeun Seni Sastra Padalangan, urang cobi pedar Seni Sastra Padalangan ieu anu dikawitan ku ngawanohkeun tokoh-tokoh Pandawa Lilima sareng tokoh sanesna nu mibanda watek sareng tabiat nu rupi-rupi.





















