Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci saban (16)
- TALAGA BAGENDITKu: R. Satjadibrata
11 Jul 2002 - 7:40 am
Baheula, geus rebuan taun ka tukang, aya hiji randa beunghar katelah Nyi Endit. Ieu the saenyana mah nenehna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manehna the kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana. Salian ti pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. Estuning lain babasan eta mah nirup nyorangan the. Kajaba ti teu aya nu ngawawuhan, Nyi Endit the memang jalma nunggul pinang, geus teu kadang warga, hirup the estu nunggelis. Ari beungharna tea mah tetela. Beh kebonna beh sawahna, imahna ge panggedena di salembur eta mah. Turug-turug ngahaja mencilkeun maneh, ngababakan di tengah pasawahan, nu upluk-aplak. Maksudna teu aya lain, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sieun kasoro tea. Teu kitu mah atuh moal disebut medit.
- Dongeng Sasakala: KUYA NGAGANDONG IMAHNA
16 May 2002 - 3:01 am
Jaman baheula pisan aya kuya imah-imah di sisi muara. Ari gawena saban poe ngahuma. Getol ngahumana teh, indit subuh datang maghrib.
Dina hiji mangsa keur manehna aya dihuma, aya hujan angin gede naker. Tatangkalan loba nu rungkad. Imah kuya oge ka apungkeun, muragna brus ka leuwi, lep kalem.
Sakadang kuya sediheun pisan, barang nyampak imah na geus teu aya teh. Isukna deg deui ngadegkeun imah nu tohaga, supaya ulah kabawa deui ku angin.- THE CELESTINE PROPHECY(Manuskrip Celestine anu medar Konsep Evolusi Manusa jeung Kamanusaanana)
25 Apr 2002 - 3:54 am
Buku The Celestine Prophecy, karangan James Redfield ditarjamahkeun ku Alfons Taryadi. diterbitkeun ku Gramedia Pustaka Utama, 1999, citakan ka-3 kaitung buku nu laris, malah loba panganutna, kaasup di Indonesia oge. Ceuk beja mah ieu buku teh gambaran tina pamadeganana kelompok Greenpeace, anu miharep kapiarana lingkungan alam di sakuliah bumi.
Pamadeganana miang tina alam transenden - spiritual - pangpangna kamekaran spiritual personal anu cenah boh ku elmu pangaweruh, ku filsafat malah ku agama oge hal nu transenden spiritual ieu teh can bisa katerangkeun kalawan eces. Aya udagan anu dasar pisan nu rek dihontal ku The Celestine Prophercy nyaeta perlu ayana definisi anyar, pangpangna nu ngeunaan HAKEKAT TUHAN jeung HUBUNGAN URANG JEUNG TUHAN (kaca:51)- BEREGEJED II
11 Mar 2002 - 3:23 am
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki.
"Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?"
"Kumaha jalmina?"
"Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200 kg!"
"Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
"Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!"- HAMBURGER, BASO, YAKINIKU JEUNG SINDANG RERETKu: Achmad Roestandi
26 Feb 2002 - 2:32 am
Kiwari kasaksian ku sarerea, dahareun anu khas Sunda mimiti kasilih ku dahareun bangsa deungeun, kayaning baso, siomay, bapau, hamburger, fried chicken, yakiniku, sabu-sabu, tempura jeung sabangsana. Sedengkeun lotek (ketang bisa jadi baheula mah lotek ge lain khas Sunda, da ngaranna ge bau-bau Cina, ngan ku proses akulturasi jeung asimilasi ayeuna geus jadi kadaharan khas Sunda), karedok, angeun haseum, sarupaning papaisan, pindang, opak sanajan aya keneh nu ngajual tapi di kota mah geus eleh ku kaolahan deungeun-deungeun. Malah sigana mah, barudak Sunda ayeuna, boa-boa geus moal wawuheun kana cuhcur, angleng atawa gurandil teh.




















