Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci sakumaha (11)
- THE CELESTINE PROPHECY(Manuskrip Celestine anu medar Konsep Evolusi Manusa jeung Kamanusaanana)
25 Apr 2002 - 3:54 am
Buku The Celestine Prophecy, karangan James Redfield ditarjamahkeun ku Alfons Taryadi. diterbitkeun ku Gramedia Pustaka Utama, 1999, citakan ka-3 kaitung buku nu laris, malah loba panganutna, kaasup di Indonesia oge. Ceuk beja mah ieu buku teh gambaran tina pamadeganana kelompok Greenpeace, anu miharep kapiarana lingkungan alam di sakuliah bumi.
Pamadeganana miang tina alam transenden - spiritual - pangpangna kamekaran spiritual personal anu cenah boh ku elmu pangaweruh, ku filsafat malah ku agama oge hal nu transenden spiritual ieu teh can bisa katerangkeun kalawan eces. Aya udagan anu dasar pisan nu rek dihontal ku The Celestine Prophercy nyaeta perlu ayana definisi anyar, pangpangna nu ngeunaan HAKEKAT TUHAN jeung HUBUNGAN URANG JEUNG TUHAN (kaca:51)- SISINDIRAN DI MASARAKAT SUNDAKu: Drs. Budi Rahayu Tamsyah
8 Mar 2002 - 7:34 am
Syarif Amin dina bukuna Di Lembur Kuring (1964), kalawan tembres netelakeun kumaha dalitna urang Sunda alam harita, alam sabada merdeka kana sisindiran
Upama caang bulan, diburuan teh rame ku para mojang. Sakumaha biasa, upama aya awewe ngariung di buruan, piraku euweuh lalaki anu ngadeukeutan. Geus puguh anu kabeneran giliran ngaronda, anu lain oge kangaran bujang mah sok bae hayang milu aub.
Dina kasempetan anu saperti kieu, zaman harita mah mojang jeung jajaka teh silih tempas nembrakeun eusi hatena make sisindiran.- Dongeng Sasakala: SITU LENGKONG
18 Feb 2002 - 7:29 am
Jaman baheula, anu jumeneng raja di nagara Cipanjalu, jujulukna Prabu Cakradewa. Anjeunna kagungan putra pameget hiji, kakasihna Prabu Borosngora.
Barang putrana geus sawawa, ku ramana dipiwarang ngalalana nyiar pangabisa.
Sanggeus mangtaun-taun lilana di pangumbaraan, anjeunna mulih deui ka bali geusan ngajadi. Sasumpingna, ramana ngayakeun pesta, sarta nanggap ronggeng sagala, ramena teu kira-kira.- BEREGEJED I
14 Feb 2002 - 4:11 am
Dina kareta api Bandung-Banjar, aya nini-nini diuk pahareup-hareup jeung pamuda.
"Punten wae, Encep, Nini bade tumaros. Dupi Encep teh Roy Marten tea?"
"Sanes, Nini. Abdi mah Uned," tembal si pamuda.
Sanggeus tepi ka Cicalengka, si nini nanya deui, "leres Encep teh sanes Roy Marten?"
"Ituh, disanes-sanes teh. Abdi mah Uned," tembalna deui.
Barang geus tepi ka Ciamis, geus pok deui nini-nini teh nanya, "Encep teh leres Roy Marten, nya?"
"Enya atuh, Nini," tembalna, semu keuheul.
"Tapi," ceuk si nini, "naha nya encep mah teu siga Roy Marten."- Dongeng Sasakala: LELE PAMATILAN
11 Feb 2002 - 2:28 am
Jaman baheula mah lauk nu pangranggetengna teh mujaer, eukeur mah awakna gede, turug-turug boga pakarang, gerakanana rancingeus. Dina tonggongna aya nu rangseb tur boga pamatil. Tong boro bangsa lauk keneh, dalah jelema oge ngarasa sieun ari dipatil mah.





















