Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci sawah (20)
- BEREGEJED II
11 Mar 2002 - 3:23 am
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki.
"Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?"
"Kumaha jalmina?"
"Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200 kg!"
"Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
"Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!"- SISINDIRAN DI MASARAKAT SUNDAKu: Drs. Budi Rahayu Tamsyah
8 Mar 2002 - 7:34 am
Syarif Amin dina bukuna Di Lembur Kuring (1964), kalawan tembres netelakeun kumaha dalitna urang Sunda alam harita, alam sabada merdeka kana sisindiran
Upama caang bulan, diburuan teh rame ku para mojang. Sakumaha biasa, upama aya awewe ngariung di buruan, piraku euweuh lalaki anu ngadeukeutan. Geus puguh anu kabeneran giliran ngaronda, anu lain oge kangaran bujang mah sok bae hayang milu aub.
Dina kasempetan anu saperti kieu, zaman harita mah mojang jeung jajaka teh silih tempas nembrakeun eusi hatena make sisindiran.- CARITA PARAHIYANGAN
30 Nov 2001 - 1:06 am
Carita Parahiyangan teh hiji naskah kuno titilar Karuhun Urang sunda ti Galuh anu pohara munelna, ieu naskah teh luhur pisan ajen sajarahna, teu eleh ajenna najan dibandingkeun jeung pararaton atawa Nagarakretagama, nyaeta anu nyaritakeun hal ihwal katut kaayaan Singasari jeung Majapahit.
Carita Parahyiangan eusina nyarsilahkeun kaayaan pulo Djawa anu nyurug ka bagian Beulah kulon jeung sabagian ka Beulah Wetan; malah nyarsilahkeun Raja Sanjaya basa angkat ti Galuh ka tatar Wetan.
Tempat-tempat atawa daerah anu ditulis dina ieu naskah Carita Parahiyangan sabagian parantos kaungsi raratanana, sarta ti eta tempat-tempat teh loba bahan-bahan sejenna anu bias diguar.- SEJARAH PURWAKARTA
12 Oct 2001 - 10:24 pm
Keberadaan Purwakarta tidak terlepas dari sejarah perjuangan melawan pasukan VOC. Sekitar awal abad ke-17 Sultan Mataram mengirimkan pasukan tentara yang dipimpin oleh Bupati Surabaya ke Jawa Barat. Salah satu tujuannya adalah untuk menundukkan Sultan Banten. Tetapi dalam perjalanannya bentrok dengan pasukan VOC sehingga terpaksa mengundurkan diri.
- WANGSIT TI BADIGUL/RANCAMAYATanggal: 25 Oktober 1987. Katampi ku: R. Hidayat Suryalaga.
25 Sep 2001 - 3:26 am
Badigul teh pasir bulistir di Rancamaya -caket Batutulis- Bogor. Ieu tempat kacaritakeun dina Naskah Sunda Kuna. Nurutkeun Drs. Saleh Danasasmita (budayawan/sejarawan) nu katampa ku kuring pribadina (saminggu samemeh pupus), nyaurkeun yen di badigul, Prabu Siliwangi “diawuy/dikremasi”. Lebakkeunana ayeuna jadi sawah, malah dijadikeun real estate, padahal baheula nya di dieu pisan Talaga Rena Mahawijaya teh. Kuring kungsi jarah ka ieu tempat 3 kali diantarana jeung Acil Bimbo, Uu Rukmana, Adil Fadila Kusumah, Dadi P. Danusubrata, jeung sajabana ti eta.





















