Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci tatadi (4)
- Landong Baeud 2Ku : M. Nana Munajat Dahlan
3 Apr 2005 - 10:29 am
Upami saderek ngagaduhan putra anu bangor jeung badeurna nataku, tong hariwang, Gan Oman gaduh resep anu jetu.
Sayogikeun lawon hideung tilu meter, sisina kaput ku benang koneng, lajeng pilarian kembang samboja seueurna tujuh siki, omat kedah sareng gagangna, teras sayogikeun bata beureun seueurna gumantung kana weton putra Bapa.- BARAKATAK
24 Sep 2002 - 12:12 am
Alo kuring asalna mah digawe jadi karyawan diperusahaan, tapi ayeuna mah geus di PHK. Geus genep bulan aya di lembur nganggur.
Bararingung cenah, kana tani teu ahli, buburuh punggal-panggul teu kaduga, usaha kana dagang teu boga modal.
"Diajar dagang leuleutikan bae atuh, lo," cekeng teh mere saran.
"Dagang naon atuh, nya Mang?" cenah.
"Ajaran dagang sangray suuk, enteng garapanana oge."- BEREGEJED II
11 Mar 2002 - 3:23 am
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki.
"Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?"
"Kumaha jalmina?"
"Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200 kg!"
"Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
"Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!"- BEREGEJED I
14 Feb 2002 - 4:11 am
Dina kareta api Bandung-Banjar, aya nini-nini diuk pahareup-hareup jeung pamuda.
"Punten wae, Encep, Nini bade tumaros. Dupi Encep teh Roy Marten tea?"
"Sanes, Nini. Abdi mah Uned," tembal si pamuda.
Sanggeus tepi ka Cicalengka, si nini nanya deui, "leres Encep teh sanes Roy Marten?"
"Ituh, disanes-sanes teh. Abdi mah Uned," tembalna deui.
Barang geus tepi ka Ciamis, geus pok deui nini-nini teh nanya, "Encep teh leres Roy Marten, nya?"
"Enya atuh, Nini," tembalna, semu keuheul.
"Tapi," ceuk si nini, "naha nya encep mah teu siga Roy Marten."




















