Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci tembong (17)
- Kawih Sunda II
21 May 2002 - 1:17 am
Lembur matuh, naha atuh
Milih bandung kota kembang
Bandung nu heurin ku tangtung
Sasakala sangkuriang
Dilingkung ku gunung-gunung
Gunung cupu mandala ayu
Hayu sindang ka sumedang
Ngan pacuan ngarangrangan- Kawih Sunda I
21 May 2002 - 1:05 am
Kanggo nyaosan anu mikapalay supados lagu-lagu/kawih Sunda diwuwuhan deui, ieu kahaturkeun. Kapayunna bade dirempegan ku lagu-lagu panambih Tembang Sunda/Cianjuran. Aya oge anu mundut supados dimuat lagu poko Tembang Sunda/Cianjuran. Insya-Alloh hiji waktos mah tiasa kasubadanan.
Sumangga wilujeng ngahariring, mulangkeun panineungan, ngawawaas anjeun di pangumbaraan.- Dongeng Sasakala: MAUNG LEUTIK CANGKENGNA
11 Apr 2002 - 3:35 am
Ceuk beja, cenah baheula mah maung teh antara cangkeng jeung dadana teu sabaraha beda, ampir sarua bae gedena.
Dina usum paceklik dihiji leuweung, sasatoan kungsi ngarandapan kakurangan kahakanan. Sagala bubuahan, beubeutian, katut ka jujukutan oge gararing, sabab halodo banget.- BEREGEJED I
14 Feb 2002 - 4:11 am
Dina kareta api Bandung-Banjar, aya nini-nini diuk pahareup-hareup jeung pamuda.
"Punten wae, Encep, Nini bade tumaros. Dupi Encep teh Roy Marten tea?"
"Sanes, Nini. Abdi mah Uned," tembal si pamuda.
Sanggeus tepi ka Cicalengka, si nini nanya deui, "leres Encep teh sanes Roy Marten?"
"Ituh, disanes-sanes teh. Abdi mah Uned," tembalna deui.
Barang geus tepi ka Ciamis, geus pok deui nini-nini teh nanya, "Encep teh leres Roy Marten, nya?"
"Enya atuh, Nini," tembalna, semu keuheul.
"Tapi," ceuk si nini, "naha nya encep mah teu siga Roy Marten."- 100 BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDAKu: Drs. Tatang Sumarsono
11 Feb 2002 - 2:21 am
Babasan jeung Paribasa Sunda mangrupa bagian tina kahirupan tur milu ngajembaran Basa Sunda sarta miboga kalungguhan anu penting pikeun panyaturna. Tacan kapaluruh sacara pasti, komo mun tepi kabilangan taunna, ti mimiti iraha gelarna eta rupa-rupa babasan jeung paribasa teh; ngan wae gede kamungkinan henteu sawaktu. Dina harti, mungkin aya anu gelarna geus heubeul pisan jeung deuih anu diduga rada beh dieu. Anu dipake ukuran heubeul jeung anyar teh diantarana ungkara kecap atawa frasa, adegan kalimah, atawa eusi anu dikandungna.




















