Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci angger (17)
- WARUNG SUNDANETPUPUH BALAKBAK
23 Oct 2001 - 2:18 am
Pupuh Balakbak teh pupuh nu ngagambarkeun rasa bungah, heureuy nanging bari aya pikiraneunana. Ngahaja dipidangkeun suipados kaaos ku sadaya kulawedet Sundanet, dugi ka iasa kagambarkeun suasana nu genah, merenah, tumaninah tur amanah di lingkungan Sundanet. Pada kahiji ngahaja nyutat anu parantos dipiwanoh nya eta "Warung Citameng" minangka panaratas jalan supados aremut deui kana laguna/kawihna.
- WANGSIT TI PRABU WASTUKANCANAKatampi ku Nu Katitipan di Situs Astana Gede - Kawali, 18 September 1990
9 Oct 2001 - 5:24 am
Diwastu kula PRABU WASTUKANCANA. Ieu teh pada merenahkeun maneh ti para Parisada, para Bagawan ti para Kolot Kula, tegesing usikna sanubari nu nitis ti kalanggengan pikeun kamulyaan lahir jeung gaibna.
- PARIGEUING GAYA KAPAMINGPINAN (LEADERSHIP) PRABU SILIWANGIKu: Drs.R.H. Hidayat Suryalaga
9 Sep 2001 - 12:00 am
Kapamingpinan dina masarakat Sunda, nurutkeun Naskah Kuna Sanghiyang Siksa Kanda'ng Karesian. Ieu naskah kuna teh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518 Masehi (Prabu Siliwangi/Jayadewata pupusna taun 1521 Masehi) anu disundakeun deui kana basa ayeuna ku Drs. Saleh Danasasmita 1985. Ari aksarana ngagunakeun aksara "Ratu Pakuan", lain Cacarakan. Basana Basa Sunda Buhun.
Dina naskah Kuna ieu teh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman harita. Sanajan kitu eta palanggeran teh tetep gede gunana pikeun jadi palanggeran pamingpin Sunda jaman ayeuna. Eta palanggeran teh disebut PARIGEUING.- SILIH ASIH, SILIH ASAH, SILIH ASUH (2)Ku: Hidayat Suryalaga
6 Sep 2001 - 10:06 am
Konsep dasar silih asah nyaeta silih tambahan kanyaho, silih seukeutan elmu pangaweruh, silih tambahan pangalaman. Ningkatkeun kamaheran jeung ningkatkeun kualitas mikir pikeun ngungkulan tangtangan atawa masalah nu disanghareupan.
- SABDA MUTIARA TI TATAR SUNDA
6 Sep 2001 - 12:00 am
Kalayan geter, nu ngaweuh aubing wujud, kereteg ati ngucapkeun syukur.
Rehing ngalangkungan SundaNet.Com, parantos tiasa kapedalkeun catetan wejangan-wejangan amanat para kasepuhan ti Tatar Sunda, anu digelaran ku Sabda Mutiarana Kasepuhan ti Cinunuk Garut sarta saterasna Insya Allah sabda-sabda sanesna.




















