Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci ayeuna (64)

Dongeng Sasakala: SITU LENGKONG

18 Feb 2002 - 7:29 am

Jaman baheula, anu jumeneng raja di nagara Cipanjalu, jujulukna Prabu Cakradewa. Anjeunna kagungan putra pameget hiji, kakasihna Prabu Borosngora.

Barang putrana geus sawawa, ku ramana dipiwarang ngalalana nyiar pangabisa.

Sanggeus mangtaun-taun lilana di pangumbaraan, anjeunna mulih deui ka bali geusan ngajadi. Sasumpingna, ramana ngayakeun pesta, sarta nanggap ronggeng sagala, ramena teu kira-kira.

BEREGEJED I

14 Feb 2002 - 4:11 am

Dina kareta api Bandung-Banjar, aya nini-nini diuk pahareup-hareup jeung pamuda.
"Punten wae, Encep, Nini bade tumaros. Dupi Encep teh Roy Marten tea?"
"Sanes, Nini. Abdi mah Uned," tembal si pamuda.
Sanggeus tepi ka Cicalengka, si nini nanya deui, "leres Encep teh sanes Roy Marten?"
"Ituh, disanes-sanes teh. Abdi mah Uned," tembalna deui.
Barang geus tepi ka Ciamis, geus pok deui nini-nini teh nanya, "Encep teh leres Roy Marten, nya?"
"Enya atuh, Nini," tembalna, semu keuheul.
"Tapi," ceuk si nini, "naha nya encep mah teu siga Roy Marten."

Dongeng Sasakala: CAU MANGGALA AYA SIKIAN

11 Feb 2002 - 2:30 am

Lantaran cau manggala teh anu pangeunah-ngeunahna ti sakabeh warnaning cau, nepi ku Raja di nagara Kamaningan, cau manggala teh dimonopoli, meureun dihep pibasaeunana. Rahayatna teu meunang aya nu wani ngadahar cau manggala. Mun aya nu boga pelak cau manggala, cauna nu asak kudu dibaktikeun ka Raja. Rajana kua nejeun ngahaja nyieun kebon, legana sababaraha hektar. Ari nu purah ngurusna, nya eta Mama Lengser. Lamun aya tangkal cau anu asak buahna, kudu gancang dituar sarta dikirimkeun ka karaton. Mama Lengserna mah nu melak jeung ngurusna, tara dibere butitina-butitina acan. Mama Lengser bati kumetap we tikorona elok-elokan ari ningal Raja keur cacamuilan nuang cau manggala teh. Ari rek menta ka Raja, teu kaduga ku isin. Rek maok, kapan dosa gede anu kasebut maling mah. Komo maok kagungan Raja, najan maok nu sasaha ge teu menang apan.

Dongeng Sasakala: TOKE

11 Feb 2002 - 2:24 am

Aya budak miskin, ngaranna Si Teka. Manehna hayang boga elmu, tuluy guguru. Tapi ku Pandita dijieun juru betek, henteu diangken murid cara anu sejen. Unggal poe ti isuk-isuk nepi ka peuting digawekeun taya reureuhna. Meunang sababaraha taun di patapaan teh teu nyaho di alip bingkeng-bingkeng acan, cek babasan tea mah, da tara diwuruk.

100 BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDAKu: Drs. Tatang Sumarsono

11 Feb 2002 - 2:21 am

Babasan jeung Paribasa Sunda mangrupa bagian tina kahirupan tur milu ngajembaran Basa Sunda sarta miboga kalungguhan anu penting pikeun panyaturna. Tacan kapaluruh sacara pasti, komo mun tepi kabilangan taunna, ti mimiti iraha gelarna eta rupa-rupa babasan jeung paribasa teh; ngan wae gede kamungkinan henteu sawaktu. Dina harti, mungkin aya anu gelarna geus heubeul pisan jeung deuih anu diduga rada beh dieu. Anu dipake ukuran heubeul jeung anyar teh diantarana ungkara kecap atawa frasa, adegan kalimah, atawa eusi anu dikandungna.