Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci baris (27)
- SI KABAYAN NGAKU HATUT
11 Jul 2002 - 5:45 am
Si Kabayan boga kiai beuki hatut, barang kiaina endek kawin ngumaha ka Si Kabayan, cek kiaina, "Kumaha Kabayan aing dek kawin, tapi dia nyaho lamun aing eta bosen teu ilok karasa deui laju hatut bae, atuh."
Cek Si Kabayan, "Cocokan bae jubur kiai."
Cek Kiaina, "Ari dicocokan matak mules beuteung engke lesot bae cocokna nyebrot kaluar jeung bukurna, beuki matak isin; jadi kieu geh; lamun engke aing nyembah ka mitoha dia ulah jauh nuturkeun ti burieun aing, ari aing hatut aku bae ku dia, ja dia mah lain panganten ieuh, moal isin, engke dia ku aing diupahan ali cacag nangka, kop tah alina."- Kawih Sunda III
21 May 2002 - 1:24 am
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan
Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan
Mojang ti Priangan
Lucu sae atikan
Sae basa sopan
Mojang Priangan- Dongeng Sasakala: BANTENG TANDUKAN
11 Apr 2002 - 3:43 am
Ceuk dongeng, baheula mah banteng teh teu boga tanduk. Nu tandukan mah kuda. Nya, pangna banteng tandukan oge, eta teh pamere kuda! Kieu ceunah sasakala na mah.
Di leuweung nu aya di Nagri Sepanyol, hirup sakumpulan kuda. Maranehanana mindeng diudag-udag ku kasieun jeung ku kahariwang. Rek teu kitu kumaha atuh. Mun unggal poe maranehna dibeberik kunu moro. Di baroro teh lain rek diala dagingna. Tapi pikeun diadukeun jeung manusa sakitan.
Dina hiji poe, sakabeh kuda ngayakeun riungan. Maranehna baradami pikeun neangan jalan sangkan bisa hirup tingtrim, teu di beubeurik wae kunu moro.- Dongeng Sasakala: KUDA
1 Mar 2002 - 2:34 am
Jaman baheula beh ditueun baheula waktu sasatoan barisa keneh ngomong cara jelema, di hiji leuweung aya hiji sato gede. Eta sato ngadenge beja, yen di dunya aya manusa sarta pinter pisan akalna. Eta sato hayangeun nyaho, kumaha rupana manusa teh, jeung haying nyaho kapinteranana.
- Dongeng Sasakala: CIKA-CIKA
18 Feb 2002 - 7:31 am
Jaman baheula-baheula ge baheula deui aya hiji lembur anu gegek jiwana. Pangeusi eta lembur, meh kabeh jelema carukup. Demi pangupajiwana kana karajinan ngabatik.
Kacaritakeun di eta lembur aya hiji randa boga anak awewe ngaran Marini. Nyi Marini ku indungna pohara dipiasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawean indungna. Pagawean di dapur jeung di imah kabeh ditangkes ku manehna. Malah kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.




















