Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci bendu (14)
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 3)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 31 d/k 50
9 Jan 2003 - 6:25 pm
21. MANUSA DIPAPARINAN AKAL (:2/31,32,33,34) - rhs, 3 Syawal 1421 H
- Manusa unggul darajat, dibanding jeung malaikat,
margi ku Kersa Ilahi, dipaparinan pangarti. - Dipaparinan katerang, apal ngaran barang-barang,
malaikat mah teu terang, kana ngaran barang-barang. - Eta unggulna manusa, dipaparin pangabisa,
ku Alloh Maha Kawasa, Hakim Maha Wijaksana. - Alloh Nu Maha Uninga, kana rasiahna jalma,
nu kedal mangrupi lisan, boh nu buni disimbutan.
- Manusa unggul darajat, dibanding jeung malaikat,
- UPACARA NGARAS INgawasuh Dampal Sampean Ibu & Rama ku Putrana dina Runtuyan Upacara Nikah Adat Sunda
7 Oct 2002 - 1:39 am
Dina danget ayeuna, upacara Ngaras, parantos prah diaranggo, pangpangna ku juru rias, sareng para ahli nu ngajejeran upacara nikah adat Sunda boh di dayeuh boh di pilemburan. Malah parantos ngawitan aya seler bangsa (etnis) non Sunda, anu "kabita" ku upacara ngaras. Dugi ka-anjeunna palay ngalaksanakeun upacara ngaras nalika nikahkeun putra-putrana. Sim kuring pribadi nyiptakeun upacara ngaras teh taun 1983. Ti harita mah kaetang sering ngajejeran acara ngaras di lingkungan urang Sunda, kantos oge ngalaksanakeun upacara ngaras di lingkungan kulawarga (etnis) Betawi, Jawa, Padang, Batak, Menado, Bengkulu, Palembang, malah kantos nu salasawios pangantenna bangsa Perancis, Amerika, Jepang sareng Cina, nanging anu parantos ngagem agama Islam; margi ieu upacara ti awitna mula pamianganana teh tina ajen-inajen anu Islami.
- Naskah Kuna: WAWACAN LUTUNG KASARUNGOleh: Drs. H. Rd. Hidayat Suryalaga
11 Jul 2002 - 4:55 am
Meureun hidep ge geus nguping, carios sepuh baheula, aya dongeng anu rame, carita pantun asalna, asli dongeng ti Sunda, carita Lutung Kasarung, kieu geura lalakonna.
Kacaturkeun hiji wanci, tempatna di Kahiangan, bujangga karempel kabeh, para pohaci harempak, sareng hiji satria, kasep putra Sunan ambu, nu jenengan Guru Minda.- TATA-TITI DUDUGA PRAYOGA PANYANGREUD KARAHAYUAN KULAWARGAKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga
13 Jun 2002 - 6:30 am
Urang Sunda tangtos mikawanoh paribasa anu unina: tata-titi duduga prayoga, anu ieu sadayana kawengku ku tatakrama atanapi etika. Dina kahirupan sadidinten etika teh ngurung tilu widang, nyaeta etika religi/agama, etika filsafat sareng etika sosial. Unggal kulawarga kedah narekahan sangkan anggota kulawargana henteu mengpar tina etika anu tilu widang ieu.
- Dongeng Sasakala: SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU
1 Mar 2002 - 2:31 am
Jaman baheula di pulo Jawa beulah Kulon, ngadeg hiji karajaan nu diratuan ku Prabu Rakata. Sang Prabu kagungan putra dua. Anu cikal jenengan Raden Sundana, anu bungsu Raden Tapobrana. Harita mah Pulo Jawa sareng Sumatera teh ngahiji.
Ku margi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, teras masrahkeun karajaan ka putra-putrana. Karajaan teh dibagi dua. Anu palih Wetan ka Raden Sundana, nu palih Kulon ka Raden Tapobrana.




















