Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci bilih (9)
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 4)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 51 d/k 66
17 Feb 2003 - 5:45 am
31. ULAH NURUTAN JELEMA ANU DOLIM (:2/51,52) - rhs, 1 Syawal 1421 H
- Nu dolim tong diturutan, baheula geus kaalaman,
umat jaman Nabi Musa, nyarembah arca berhala. - Padahal geus dielingan, ku Nabi Musa utusan,
dina Toret geus diserat, Alloh maparin amanat. - Urang ge jaman ayeuna, kade ulah kitu peta,
gawe ngumpul-ngumpul harta, harta dijieun berhala. - Mun rumaos nyorang lepat, atuh kedah gancang tobat,
da Alloh mah Maha Heman, ngahapunten kalepatan.
- Nu dolim tong diturutan, baheula geus kaalaman,
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 3)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 31 d/k 50
9 Jan 2003 - 6:25 pm
21. MANUSA DIPAPARINAN AKAL (:2/31,32,33,34) - rhs, 3 Syawal 1421 H
- Manusa unggul darajat, dibanding jeung malaikat,
margi ku Kersa Ilahi, dipaparinan pangarti. - Dipaparinan katerang, apal ngaran barang-barang,
malaikat mah teu terang, kana ngaran barang-barang. - Eta unggulna manusa, dipaparin pangabisa,
ku Alloh Maha Kawasa, Hakim Maha Wijaksana. - Alloh Nu Maha Uninga, kana rasiahna jalma,
nu kedal mangrupi lisan, boh nu buni disimbutan.
- Manusa unggul darajat, dibanding jeung malaikat,
- KECAP SESEBUTAN WAKTU
11 Jul 2002 - 7:36 am
Dina mahabuna elmu pangaweruh kiwari, umumna nu diudag teh pasualan atanapi pangaweruh anyar. Kukituna sabengbatan mah KECAP SESEBUTAN WAKTU ieu teh sapertos teu aya pupurieunana. Moal boa seueur diantawis baraya Kisunda anu lali kana sesebutan waktu ieu.
Tah, bilih teras lapur kateureuy waktu, urang pulungan deui nu tos nyarahcal maruragan laleungitan teh. Eta cenah tos teu luyu sareng paneka jaman, keun bae, da ieu mah niatna oge ngampihan. Bilih bae jaga anak incu urang nanya sesebutan waktu sapertos wanci rumangsang, sapanyeupahan atawa naon ari sataun landung teh?- TATA-TITI DUDUGA PRAYOGA PANYANGREUD KARAHAYUAN KULAWARGAKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga
13 Jun 2002 - 6:30 am
Urang Sunda tangtos mikawanoh paribasa anu unina: tata-titi duduga prayoga, anu ieu sadayana kawengku ku tatakrama atanapi etika. Dina kahirupan sadidinten etika teh ngurung tilu widang, nyaeta etika religi/agama, etika filsafat sareng etika sosial. Unggal kulawarga kedah narekahan sangkan anggota kulawargana henteu mengpar tina etika anu tilu widang ieu.
- NGAGUAR MANGSA NGADEGNA UNPADKu: H. Apep Syafei
1 May 2002 - 5:54 am
Sok sanajan geus rawun da bongan sok masih keneh hayang bucu-baca komo mun seug nu dibaca teh aya patula patalina jeung pangalaman nu kungsi karandapan ku sorangan, dina palebah nu nulis macaan sajarah-sajarah Unpad boh Paguyuban Pasundan ngan ukur bisa seuri koneng ari margina ceuk raraosan upami di ibaratkeun mah teu benten sareng nongton Asep Sunarya barang bray teh ujug-ujug ger teh Gatotgaca keur perang jadi teu terang naon sababna.
Tah kukituna barang pun incu nerangkeun yen internet tiasa jadi alat informasi sareng komunikasi jorojoy hoyong kutrat- kotret saperti jaman keur ngora susuganan bae aya paedahna keur sarerea. Jaman keur jadi tukang nyadapan warta di koran "Sipatahoenan" (1950/1960).