Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci gawang (20)
- BEREGEJED III
15 May 2002 - 1:56 am
Waktu Ki Sanip keur ngasuh incuna anu umur lima taun, kalayang teh aya langlayangan leupas luhureunana.
"Udag, Ki, Udag!" ceuk incuna bari nyurung-nyurung incuna.
Sabenerna Ki Sanip teh geus kolot, geus bongkok.
Leumpang ge dongko komo ieu kudu lumpat. Tapi dasar nyaah ka incu, ngan beretek we manehna lumpat ngudag langlayangan. Tapi hanjakal teu hasil.
Bari renghap ranjung manehna nyamperkeun incuna.
"Lapur Cu, teu kaudag."
"Tuda Aki mah salah. Lumpatna bari jeung dongko sagala. Pan geus puguh langlayangan mah diluhur, teu kudu dodongkoan siga neangan duit leungit, Ki!" ceuk incuna, ngagelendeng semu nu keuheul pisan.- NGAGUAR MANGSA NGADEGNA UNPADKu: H. Apep Syafei
1 May 2002 - 5:54 am
Sok sanajan geus rawun da bongan sok masih keneh hayang bucu-baca komo mun seug nu dibaca teh aya patula patalina jeung pangalaman nu kungsi karandapan ku sorangan, dina palebah nu nulis macaan sajarah-sajarah Unpad boh Paguyuban Pasundan ngan ukur bisa seuri koneng ari margina ceuk raraosan upami di ibaratkeun mah teu benten sareng nongton Asep Sunarya barang bray teh ujug-ujug ger teh Gatotgaca keur perang jadi teu terang naon sababna.
Tah kukituna barang pun incu nerangkeun yen internet tiasa jadi alat informasi sareng komunikasi jorojoy hoyong kutrat- kotret saperti jaman keur ngora susuganan bae aya paedahna keur sarerea. Jaman keur jadi tukang nyadapan warta di koran "Sipatahoenan" (1950/1960).- SEJARAH PENGGUNAAN BAHASA SUNDA DI TATAR SUNDA
30 Apr 2002 - 3:54 am
Bahasa Sunda merupakan bahasa yang diciptakan dan digunakan oleh orang Sunda dalam berbagai keperluan komunikasi kehidupan mereka. Tidak diketahui kapan bahasa ini lahir, tetapi dari bukti tertulis yang merupakan keterangan tertua, berbentuk prasasti berasal dari abad ke-14.
Prasasti dimaksud di temukan di Kawali Ciamis, dan ditulis pada batu alam dengan menggunakan aksara dan Bahasa Sunda (kuno). Diperkirakan prasasti ini ada beberapa buah dan dibuat pada masa pemerintahan Prabu Niskala Wastukancana (1397-1475).- PITUDUH SINGGET TIORI DRAMAKu: Drs. H.R. Hidayat Suryalaga
21 Mar 2002 - 5:55 am
Carita drama mibanda unsur-unsur nu sami sareng karya sastra sanesna, upamina sareng novel, roman atanapi carita pondok. Mung dina naskah drama mah, kumargi kanggo gelarkeuneun, unsur carita teh kedah aya pangropea nu husus, pang-pangna dina plot, sareng watek.
Wangun drama sok disebut oge bagan drama, rarancang, rangka drama, atanapi galur drama (damatic line). Aya sawatara pamendak ngeunaan wangun drama teh, nanging urang ngabantun anu basajan bae nya eta nu disebat wangun Aristotelian, numutkeun pamendakna Aristoteles Budayawan Yunani baheula.- BEREGEJED II
11 Mar 2002 - 3:23 am
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki.
"Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?"
"Kumaha jalmina?"
"Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200 kg!"
"Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
"Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!"




















