Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci hariring (10)
- Kawih Sunda I
21 May 2002 - 1:05 am
Kanggo nyaosan anu mikapalay supados lagu-lagu/kawih Sunda diwuwuhan deui, ieu kahaturkeun. Kapayunna bade dirempegan ku lagu-lagu panambih Tembang Sunda/Cianjuran. Aya oge anu mundut supados dimuat lagu poko Tembang Sunda/Cianjuran. Insya-Alloh hiji waktos mah tiasa kasubadanan.
Sumangga wilujeng ngahariring, mulangkeun panineungan, ngawawaas anjeun di pangumbaraan.- LAGU-LAGU PANAMBIH TEMBANG SUNDA(Manglean II)
5 Feb 2002 - 10:10 pm
Lagu-Lagu Panambih biasa digunakeun nalika mamaos Cianjuran/Tembang Sunda. Biasana upami parantos nembangkeun lagu poko nembe ditema ku lagu Panambih. Waditra nu mirigna iwal ti kacapi indung disarengan ku rincik, suling atanapi rebab.
Kapungkur mah anu sok nembangkeun lagu panambih teh mung juru mamaos istri, nanging ayeuna mah juru mamaos pameget oge sok pirajeunan ngiring nembangkeun lagu Panambih. Istilah lagu Panambih kapungkur sok disebat oge lagu Ekstra husus dianggo dina istilah tembang Sunda/Cianjuran, da upami piriganana ku kiliningan atanpi waditra nu liana mah disebat lagu Kawih bae. Kanggo anu seneng Tembang Sunda/Cianjuran sumangga dihaturanan ngahariring lagu Panambih dina Manglean ka-II.- LAGU–LAGU KAWIH SUNDA(Manglean I)
5 Feb 2002 - 8:46 pm
Dina kandaga kabeungharan seni swara Sunda aya nu disebat KAWIH aya nu dipirig ku waditra aya oge anu ditambul bae. Piriganana tiasa ku kilinihgan, degung, kacapian, calung, angklung, malah tiasa bae ku alat musik moderen oge.
Rumpaka lalaguan Kawih kalintang seueurna, malah seueur anu parantos dianggap klasi upamina bae Es Lilin, Awi Ngarambat, Manuk Dadali, Budak Ceurik jeung sajabana ti eta. Kanggo panglejar kalbu mangga ku para wargi SundaNet.Com dihahariringkeun. Ayeuna nembe kahaturkeun Mangalean ka-I.- WANGSIT TI PANGERAN PAPAK (R. WANGSA MUHAMMAD)Tanggal: 8 April 1982. Katampi ku: R. Hidayat Suryalaga.
25 Sep 2001 - 7:08 am
Ieu mah cutatan tina sabagian eusining Wangsit Pangeran Papak anu jenengan aslina mah R. Wangsa Muhammad, katampi di Cinunuk-Wanaraja–Garut tanggal 8 April 1982 ku R. Hidayat Suryalaga.
Kum, Ahum Wali Yang Agung,
Bis - Mim Waliyul diri,
Lam, Alip dina mamaras,
mangka buka mangka yakin,
da eta jejeran gelar,
tuturkeuneun nu perwinci.- LEMBAGA KEBUDAYAAN UNIVERSITAS PASUNDANDaftar Dokumentasi & Makalah Lembaga Kebudayaan Universitas Pasundan
31 Aug 2001 - 12:00 am
Daftar Dokumentasi & Makalah Lembaga Kebudayaan Universitas Pasundan, dalam bentuk Dokumentasi Audio & Visual, Dokumentasi Audio (Pita Kaset), serta Makalah.




















