Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci harita (43)
- Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang
1 Dec 2004 - 4:14 am
1. KIAMAT TEH TANGTOS BAKAL KAJADIAN (:78/1,2,3,4,5) - rhs, 29 Jumadilawal 1424 H
- Assalamu'alaikum, ka muslimin wal muslimat,
asalamu'alaikum, ka mu'minin wal mu'minat. - Seja nyanggakeun nadoman, sumberna ayat Al-Qur'an,
juz anu ka tilupuluh, mugia jadi pituduh. - An-Naba' nami suratna, tujuhdalapan nomerna,
dupi nu jadi ayatna, kahiji dugi kalima, - Anu kapir teu percaya, yen kiamat bakal aya,
pajar ukur nyingsieunan,nu kapir teh seuseurian, - Padahal kiamat pasti, bakal cunduk hiji wanci,
nu uninga mung Ilahi, manusa mah moal ngarti. - Mun kiamat enggeus cunduk, nu kapir bati ngaheruk,
kakara sadar jeung eling, elingna geus elat teuing, - Nu mawi yeuh kanca mitra, urang teh wajib percaya,
engke dina hiji mangsa, kiamat pasti cundukna. - Ti ayeuna urang tobat, samemeh dongkap kiamat,
mugi Alloh ngahampura, kana samudaya dosa.
- Assalamu'alaikum, ka muslimin wal muslimat,
- DIRIGEN
13 Jan 2004 - 10:19 pm
Dirigen teh anu mingpin pintonan musik, biasana dina wangunan orkestra atawa paduan suara. Sang dirigen disebutna konduktor, mingpin, nangtung dihareupeun pamaen musik atawa vokal, mere aba-aba atawa ngatur irama lagu. Dina istilah karawitan mah, can aya ngaran nu baku, sabab hal ieu teu patia biasa dipake. Dina nabeuh upamana, sanajan loba nu maenna tur laguna panjang, bisa jaralan sorangan tanpa kudu dipingpin ku dirigen.
- SAHA ARI URANG SUNDA TEHH.R. Hidayat Suryalaga
23 Jul 2003 - 10:57 pm
Hiji waktu nu geus kalaiwat dina riungan para tokoh Urang Sunda jeung sawatara anggota DPRD Prop. Jabar basa ngabahas "milih pigupernureun/wagup Prop. Jabar", ti antara anu hadir aya nu nanyakeun ka anggota DPRD Prop. Jabar tea, saha jeung nu kumaha anu disebut SUNDA teh. Ti antara anggota DPRD Prop. Jabar nu aya harita saurang oge taya nu bisa nerangkeun kalawan jentre. Ieu kaaayan teh ngagambarkeun yen wawakil rayat Sunda teh dina buktina mah henteu apaleun kana saha jeung naon anu diwakilanana. Estu pikasediheun pisan. wawakil urang Sunda teu ngartieun kana saha jeung naon ari SUNDA teh.
- Dipegat Peneng
14 May 2003 - 1:38 am
Bisa jadi kulantaran pangeusi kota can loba, sasat kaurus pisan kota teh. Kageroh ku pamarentah kota nu pagawena ukur pupuluhan oge. Ongkoh warga kota teh narurut keneh. Sarieuneun mun teu nurut kana peraturan atawa baha kana parentah gegeden teh.
Geura we, tutumpakan, teu waranieun ngarempak palaturan padahal tara sapanjangna aya pulisi. Kareta mesin, beca, delman, geus puguh ari motor jeung mobil mah, apan tara aya nu wani ngulampreng peuting bari teu make lampu. Berko sepedah teh apan paalus-alus, pacaang-caang.- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 4)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 51 d/k 66
17 Feb 2003 - 5:45 am
31. ULAH NURUTAN JELEMA ANU DOLIM (:2/51,52) - rhs, 1 Syawal 1421 H
- Nu dolim tong diturutan, baheula geus kaalaman,
umat jaman Nabi Musa, nyarembah arca berhala. - Padahal geus dielingan, ku Nabi Musa utusan,
dina Toret geus diserat, Alloh maparin amanat. - Urang ge jaman ayeuna, kade ulah kitu peta,
gawe ngumpul-ngumpul harta, harta dijieun berhala. - Mun rumaos nyorang lepat, atuh kedah gancang tobat,
da Alloh mah Maha Heman, ngahapunten kalepatan.
- Nu dolim tong diturutan, baheula geus kaalaman,





















