Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci hirup (77)
- TATA-TITI DUDUGA PRAYOGA PANYANGREUD KARAHAYUAN KULAWARGAKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga
13 Jun 2002 - 6:30 am
Urang Sunda tangtos mikawanoh paribasa anu unina: tata-titi duduga prayoga, anu ieu sadayana kawengku ku tatakrama atanapi etika. Dina kahirupan sadidinten etika teh ngurung tilu widang, nyaeta etika religi/agama, etika filsafat sareng etika sosial. Unggal kulawarga kedah narekahan sangkan anggota kulawargana henteu mengpar tina etika anu tilu widang ieu.
- Kawih Sunda III
21 May 2002 - 1:24 am
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan
Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan
Mojang ti Priangan
Lucu sae atikan
Sae basa sopan
Mojang Priangan- THE CELESTINE PROPHECY(Manuskrip Celestine anu medar Konsep Evolusi Manusa jeung Kamanusaanana)
25 Apr 2002 - 3:54 am
Buku The Celestine Prophecy, karangan James Redfield ditarjamahkeun ku Alfons Taryadi. diterbitkeun ku Gramedia Pustaka Utama, 1999, citakan ka-3 kaitung buku nu laris, malah loba panganutna, kaasup di Indonesia oge. Ceuk beja mah ieu buku teh gambaran tina pamadeganana kelompok Greenpeace, anu miharep kapiarana lingkungan alam di sakuliah bumi.
Pamadeganana miang tina alam transenden - spiritual - pangpangna kamekaran spiritual personal anu cenah boh ku elmu pangaweruh, ku filsafat malah ku agama oge hal nu transenden spiritual ieu teh can bisa katerangkeun kalawan eces. Aya udagan anu dasar pisan nu rek dihontal ku The Celestine Prophercy nyaeta perlu ayana definisi anyar, pangpangna nu ngeunaan HAKEKAT TUHAN jeung HUBUNGAN URANG JEUNG TUHAN (kaca:51)- Dongeng Sasakala: BANTENG TANDUKAN
11 Apr 2002 - 3:43 am
Ceuk dongeng, baheula mah banteng teh teu boga tanduk. Nu tandukan mah kuda. Nya, pangna banteng tandukan oge, eta teh pamere kuda! Kieu ceunah sasakala na mah.
Di leuweung nu aya di Nagri Sepanyol, hirup sakumpulan kuda. Maranehanana mindeng diudag-udag ku kasieun jeung ku kahariwang. Rek teu kitu kumaha atuh. Mun unggal poe maranehna dibeberik kunu moro. Di baroro teh lain rek diala dagingna. Tapi pikeun diadukeun jeung manusa sakitan.
Dina hiji poe, sakabeh kuda ngayakeun riungan. Maranehna baradami pikeun neangan jalan sangkan bisa hirup tingtrim, teu di beubeurik wae kunu moro.- TATAKRAMA BASA SUNDAKu: Drs. H.R. Hidayat Suryalaga
11 Mar 2002 - 3:42 am
Undak-Usuk Basa Sunda anu dina Kongres Basa Sunda taun 1986 di Cipayung Bogor disebut TATAKRAMA BASA SUNDA teh upama dijumlahkeun mah aya dalapan tahapan (ragam). Sanajan Konferensi Kebudayaan Sunda I di Bandung jeung Kongres Basa Sunda VII di Garut ngusulkeun supaya Tatakrama Basa Sunda (UUBS) cukup dua tahap bae nyaeta RAGAM HORMAT jeung RAGAM LOMA, tapi dina hirup kumbuh sapopoe mah masih keneh digarunakeun TILU TAHAP/RAGAM.




















