Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci janten (13)
- Naskah Kuna: WAWACAN LUTUNG KASARUNGOleh: Drs. H. Rd. Hidayat Suryalaga
11 Jul 2002 - 4:55 am
Meureun hidep ge geus nguping, carios sepuh baheula, aya dongeng anu rame, carita pantun asalna, asli dongeng ti Sunda, carita Lutung Kasarung, kieu geura lalakonna.
Kacaturkeun hiji wanci, tempatna di Kahiangan, bujangga karempel kabeh, para pohaci harempak, sareng hiji satria, kasep putra Sunan ambu, nu jenengan Guru Minda.- Kawih Sunda III
21 May 2002 - 1:24 am
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan
Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan
Mojang ti Priangan
Lucu sae atikan
Sae basa sopan
Mojang Priangan- KUMAHA LAMUN GEDUNG DPRD JAWA BARAT DI ARANAN BALE SIPATAHOENAN?Ku: H. Apep Syafei
12 May 2002 - 11:06 pm
Ari Sipatahoenan teh ngaran hiji leuwi di Pajajaran. Jadi ku ayana Leuwi Sipatahoenan teh nu tadina pagirang-girang bisa namper tur rata sakumaha beungeutna cai di leuwi, jadi kukituna Sipatahoenan teh hiji tarekah kolot-kolot urang baheula supaya urang Sunda bisa runtut raut sauyunan sakumaha ngagimblengna cai dina leuwi.
Kumaha upami tarekah kolot baheula teh diropea deui ngan jentulannana benten ulah Koran, tapi ditepakeun ka Gedung DPRD Jawa Barat? Kumaha upami urang namian bae Gedung DPRD Jawa Barat teh janten BALE SIPATAHOENAN? Mugi-mugi bae nu adu renyom teh tiasa namper siga ngagimblengna cai dina leuwi Situ Sipatahoenan.- NGAGUAR MANGSA NGADEGNA UNPADKu: H. Apep Syafei
1 May 2002 - 5:54 am
Sok sanajan geus rawun da bongan sok masih keneh hayang bucu-baca komo mun seug nu dibaca teh aya patula patalina jeung pangalaman nu kungsi karandapan ku sorangan, dina palebah nu nulis macaan sajarah-sajarah Unpad boh Paguyuban Pasundan ngan ukur bisa seuri koneng ari margina ceuk raraosan upami di ibaratkeun mah teu benten sareng nongton Asep Sunarya barang bray teh ujug-ujug ger teh Gatotgaca keur perang jadi teu terang naon sababna.
Tah kukituna barang pun incu nerangkeun yen internet tiasa jadi alat informasi sareng komunikasi jorojoy hoyong kutrat- kotret saperti jaman keur ngora susuganan bae aya paedahna keur sarerea. Jaman keur jadi tukang nyadapan warta di koran "Sipatahoenan" (1950/1960).- Dongeng Sasakala: MAUNG LEUTIK CANGKENGNA
11 Apr 2002 - 3:35 am
Ceuk beja, cenah baheula mah maung teh antara cangkeng jeung dadana teu sabaraha beda, ampir sarua bae gedena.
Dina usum paceklik dihiji leuweung, sasatoan kungsi ngarandapan kakurangan kahakanan. Sagala bubuahan, beubeutian, katut ka jujukutan oge gararing, sabab halodo banget.




















