Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci kagungan (20)
- Dongeng Sasakala: CAU MANGGALA AYA SIKIAN
11 Feb 2002 - 2:30 am
Lantaran cau manggala teh anu pangeunah-ngeunahna ti sakabeh warnaning cau, nepi ku Raja di nagara Kamaningan, cau manggala teh dimonopoli, meureun dihep pibasaeunana. Rahayatna teu meunang aya nu wani ngadahar cau manggala. Mun aya nu boga pelak cau manggala, cauna nu asak kudu dibaktikeun ka Raja. Rajana kua nejeun ngahaja nyieun kebon, legana sababaraha hektar. Ari nu purah ngurusna, nya eta Mama Lengser. Lamun aya tangkal cau anu asak buahna, kudu gancang dituar sarta dikirimkeun ka karaton. Mama Lengserna mah nu melak jeung ngurusna, tara dibere butitina-butitina acan. Mama Lengser bati kumetap we tikorona elok-elokan ari ningal Raja keur cacamuilan nuang cau manggala teh. Ari rek menta ka Raja, teu kaduga ku isin. Rek maok, kapan dosa gede anu kasebut maling mah. Komo maok kagungan Raja, najan maok nu sasaha ge teu menang apan.
- Dongeng Sasakala: TOKE
11 Feb 2002 - 2:24 am
Aya budak miskin, ngaranna Si Teka. Manehna hayang boga elmu, tuluy guguru. Tapi ku Pandita dijieun juru betek, henteu diangken murid cara anu sejen. Unggal poe ti isuk-isuk nepi ka peuting digawekeun taya reureuhna. Meunang sababaraha taun di patapaan teh teu nyaho di alip bingkeng-bingkeng acan, cek babasan tea mah, da tara diwuruk.
- LAGU-LAGU PANAMBIH TEMBANG SUNDA(Manglean II)
5 Feb 2002 - 10:10 pm
Lagu-Lagu Panambih biasa digunakeun nalika mamaos Cianjuran/Tembang Sunda. Biasana upami parantos nembangkeun lagu poko nembe ditema ku lagu Panambih. Waditra nu mirigna iwal ti kacapi indung disarengan ku rincik, suling atanapi rebab.
Kapungkur mah anu sok nembangkeun lagu panambih teh mung juru mamaos istri, nanging ayeuna mah juru mamaos pameget oge sok pirajeunan ngiring nembangkeun lagu Panambih. Istilah lagu Panambih kapungkur sok disebat oge lagu Ekstra husus dianggo dina istilah tembang Sunda/Cianjuran, da upami piriganana ku kiliningan atanpi waditra nu liana mah disebat lagu Kawih bae. Kanggo anu seneng Tembang Sunda/Cianjuran sumangga dihaturanan ngahariring lagu Panambih dina Manglean ka-II.- CARITA PARAHIYANGAN
30 Nov 2001 - 1:06 am
Carita Parahiyangan teh hiji naskah kuno titilar Karuhun Urang sunda ti Galuh anu pohara munelna, ieu naskah teh luhur pisan ajen sajarahna, teu eleh ajenna najan dibandingkeun jeung pararaton atawa Nagarakretagama, nyaeta anu nyaritakeun hal ihwal katut kaayaan Singasari jeung Majapahit.
Carita Parahyiangan eusina nyarsilahkeun kaayaan pulo Djawa anu nyurug ka bagian Beulah kulon jeung sabagian ka Beulah Wetan; malah nyarsilahkeun Raja Sanjaya basa angkat ti Galuh ka tatar Wetan.
Tempat-tempat atawa daerah anu ditulis dina ieu naskah Carita Parahiyangan sabagian parantos kaungsi raratanana, sarta ti eta tempat-tempat teh loba bahan-bahan sejenna anu bias diguar.- Minawoh Pandawa Lilima
22 Aug 2001 - 12:00 am
Dina raraga mekarkeun sareng ngawanohkeun Seni Sastra Padalangan, urang cobi pedar Seni Sastra Padalangan ieu anu dikawitan ku ngawanohkeun tokoh-tokoh Pandawa Lilima sareng tokoh sanesna nu mibanda watek sareng tabiat nu rupi-rupi.





















