Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci langkung (27)

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30 (bagian 2)Tina Surat AN NAZIAAT (Malaikat anu Ngadudut Roh) - Surat Katujuhpuluh salapan - ayat 1 d/k 46

20 Dec 2004 - 12:33 pm

15. SAKARATNA JELEMA ANU KAPIR KACIDA PIKAWATIREUNANA (:79/1) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H


  • Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,
    ku Ijroil digebugan, anu kapir diteunggeulan.
  • Digebugan sahabekna, sangkan ka luar nyawana,
    nyawana mugen embungeun, sieun dika-narakakeun.
  • Si nyawa didudut tarik, nyawa teh ngajerit ceurik,
    tingkoceak sosongkolan, sakaratna nu teu iman.
  • Naha atuh maneh kapir, teu inget engke di ahir,
    bakal pinanggih jeung maot, dipapag malakal maot.
  • Sanajan ampun-ampunan, enggeus euweuh kasempetan,
    tobatna geus elat teuing, naha baheula teu eling.
  • Tarima bae buktina, sabab teu iman teu takwa,
    marukan teh bakal lana, langgeng rek hirup di dunya.
  • Na naon nu diteangan, ngumbar napsu tetemenan,
    terang-terang geus lekasan, malakalmaot nungguan.

Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang

1 Dec 2004 - 4:14 am

1. KIAMAT TEH TANGTOS BAKAL KAJADIAN (:78/1,2,3,4,5) - rhs, 29 Jumadilawal 1424 H


  • Assalamu'alaikum, ka muslimin wal muslimat,
    asalamu'alaikum, ka mu'minin wal mu'minat.
  • Seja nyanggakeun nadoman, sumberna ayat Al-Qur'an,
    juz anu ka tilupuluh, mugia jadi pituduh.
  • An-Naba' nami suratna, tujuhdalapan nomerna,
    dupi nu jadi ayatna, kahiji dugi kalima,
  • Anu kapir teu percaya, yen kiamat bakal aya,
    pajar ukur nyingsieunan,nu kapir teh seuseurian,
  • Padahal kiamat pasti, bakal cunduk hiji wanci,
    nu uninga mung Ilahi, manusa mah moal ngarti.
  • Mun kiamat enggeus cunduk, nu kapir bati ngaheruk,
    kakara sadar jeung eling, elingna geus elat teuing,
  • Nu mawi yeuh kanca mitra, urang teh wajib percaya,
    engke dina hiji mangsa, kiamat pasti cundukna.
  • Ti ayeuna urang tobat, samemeh dongkap kiamat,
    mugi Alloh ngahampura, kana samudaya dosa.

RAWAYAN JATI SARENG SAD KAMANUSAAN, SUMBER AJEN INAJEN AKHLAK KASUNDAANKonsep Akhlak Sunda anu Islami pikeun Atikan di Institusi Formal, in-Formal, non-Formal

30 Mar 2004 - 2:10 pm

Luyu sareng udagan nu bade dihontal ku ieu "diskusi" nu diayakeun ku Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional Bandung, nyaeta "Sebuah Upaya Pewarisan Budi Pekerti kepada Siswa Sekolah" nu diluuhan ku para pangatik widang studi agama, hususna Agama Islam.

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 7)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 115 d/k 126

23 Feb 2004 - 7:50 am

61. NURUL HIKMAH (:2/115) - rhs, 4 Syawal 1421 H


  • Sapanjang nyanghareup ngulon, ngetan deui ngetan deui,
    sapanjang nyanghareup ngidul, ngaler deui ngaler deui,
  • Madhab opat sagemblengna, jagat raya sagebarna,
    kagungan Alloh Ta'ala, kalimpudan iradah-Na.
  • Rahmat kurnia Mantenna, ngalingkupan jagat raya,
    jembar teu aya watesna, Alloh Nu Maha Uninga.
  • Sabudeurna puter jagat, estu kalampud kalampat,
    kacebor ku rahmat ni'mat, ti Alloh Nu Maha Ha'at.

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 6)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 94 d/k 114

17 Feb 2004 - 2:20 am

51. WAKTU KEDAH DIANGGO IBADAH (:2/94,95,96) - rhs, 4 Syawal 1421 H


  • Seueur pisan nu nga'dua, hayang paranjang umurna,
    Padahal mun henteu taqwa, panjang umur teh teu guna.
  • Panjang umur sadi siksa, lamun seug salah ngeusina,
    Panjang umur teu mangpa'at, lamun henteu daek solat.
  • Panjang umur bari iman, eta kurnia pangeran,
    Waktu dipake ibadah, umurna ge pinuh berekah.
  • Panjang umur eta bagja, lamun dibarengan takwa,
    Hirup teh gede gunana, lamun seug bisa ngaturna.