Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci lengkep (10)
- Ngawanohkeun: Dalih DjiunSeniman Topeng Cisalak
20 Feb 2006 - 2:31 am
Dina dunya seni hiburan geus moal bireuk ka ngaran Bokir (almarhum), pelawak lenong Betawi, kitu deui ka ngaran Mandra, Omas jeung Mastur, pelawak entragan ngora nu panginditanan tina seni topeng Betawi.
Tapi, mun nyebutkeun ngaran Dalih Djiun, pasti bakal kerung, tangtu bae da ngarana jarang midang dina telvisi, oge profesina lain pelawak. Papadaning kitu di lingkungan kasenian topeng Betawi boh di wilayah Betawi pinggiran saperti Bekasi, Tangerang, jeung Depok, boh di Betawi Tengah (kota) ngarana pada mikawanoh. Pangna dipikawanoh, sabab inyana salasaurang putra pasangan Dalih Djiun bin Dorak jeung Mak Kinang nu gede yasana mekarkeun kasenian "topeng Cisalak" katut topeng Betawi.- Saung Angklung Mang Udjo; Jadi Kampung Sunda
6 Jul 2004 - 3:03 am
Geus teu anéh pikeun urang Padasuka mah, upama aya turis asing ngadongdon wewengkonna. Ti taun 1970-an, geus réa wisatawan nu ngulampreng ka ieu patempatan. Rék naon cenah éta turis bet jul-jol ka Padasuka?, jauh dijugjug, anggang di téang, kataji ku garapan seni Saung Angklung Mang Udjo, nu perenahna di jalan Padasuka no 118 Bandung
Nurutkeun panintén kapariwisataan, karéréan wisatawan nu datang, ka Bandung atawa ka Jawa Barat, tujuan utamana téh ka saung Mang Udjo. Malah nurutkeun béja mah, ngadongdon ka tempat liana mah ngan ukur sasampiran. Pang kitu téh kawasna nepi ka kiwari nu pangkajojona téh Saung Mang Udjo.- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 8)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 127 d/k 141 (tamat)
19 Apr 2004 - 1:41 am
71. KUDU SABAR (:2/127) - rhs, 4 Syawal 1421 H
- Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,
kudu bari sabar diri, kudu tartib ati-ati. - Contona ngadegkeun Ka'bah, ku Ibrahim di baladah,
ngentepkeun batu teh nungtut, ku leukeun mah nya ngawujud. - Mun keur migawe garapan, kudu sabar dileukeunan,
bari muntang ka Ilahi, gawe teh jadi pangbakti.
- Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,
- Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang
9 Jan 2003 - 10:19 pm
Dina raraga nyoreang alam katukang, mulangkeun panineungan kaayaan dayeuh Bandung antawis taun 1950-an dugi ka taun '60-an nu tangtos kaayaan harita kalintang tebih pisan bentenna sareng Bandung ayeuna. Dina seratan ieu dicobi dipedar seratan saderek Us Tiarsa R nu sadidintenna mancen tugas salaku redaksi "Pikiran Rakyat Grup" hususna di mingguan "Galura" Bandung nu urang moal bireuk deui, dicutat tina buku "Basa Bandung Halimunan" nu diterbitkeun ku Penerbit Yayasan Galura.
- PITUDUH SINGGET TIORI DRAMAKu: Drs. H.R. Hidayat Suryalaga
21 Mar 2002 - 5:55 am
Carita drama mibanda unsur-unsur nu sami sareng karya sastra sanesna, upamina sareng novel, roman atanapi carita pondok. Mung dina naskah drama mah, kumargi kanggo gelarkeuneun, unsur carita teh kedah aya pangropea nu husus, pang-pangna dina plot, sareng watek.
Wangun drama sok disebut oge bagan drama, rarancang, rangka drama, atanapi galur drama (damatic line). Aya sawatara pamendak ngeunaan wangun drama teh, nanging urang ngabantun anu basajan bae nya eta nu disebat wangun Aristotelian, numutkeun pamendakna Aristoteles Budayawan Yunani baheula.





















