Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci meuli (13)
- Si Magrib
27 May 2003 - 2:11 am
Tepi ka taun 60 mah rea keneh tegal di Bandung teh. Lapangan bal oge loba deuih. Iwal ti Tegallega nu dibagi jadi sabaraha lapangan bal, aya lapang GB (tukangeun Gedong Sate), Gasibu, Jatayu, Cicendo, Dokter Rum, Brombek (Sukajadi), jeung sajabana. Ari tegal nu sok diparake arulin barudak mah, di antara Taman Maluku, Kebonkawung, Merbabu, jeung sajabana.
- Dipegat Peneng
14 May 2003 - 1:38 am
Bisa jadi kulantaran pangeusi kota can loba, sasat kaurus pisan kota teh. Kageroh ku pamarentah kota nu pagawena ukur pupuluhan oge. Ongkoh warga kota teh narurut keneh. Sarieuneun mun teu nurut kana peraturan atawa baha kana parentah gegeden teh.
Geura we, tutumpakan, teu waranieun ngarempak palaturan padahal tara sapanjangna aya pulisi. Kareta mesin, beca, delman, geus puguh ari motor jeung mobil mah, apan tara aya nu wani ngulampreng peuting bari teu make lampu. Berko sepedah teh apan paalus-alus, pacaang-caang.- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 5)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 67 d/k 93
1 May 2003 - 2:10 am
41. PERBAWANA DUNYA (:2/67,68,69,70) - rhs, 3 Syawal 1421 H
- Perbawa haliah dunya, mindengna mah sok kacida,
marageuhan bebeneran, asa bener ceuk sorangan. - Dugi ka dawuh Ilahi, dirugal-rigel pribadi,
ngahaja ditarekahan, sangkan teu karurugian. - Nyieun rupaning alesan, ngahaja dipalikiran,
dawuh Alloh diakalan, sangkan jadi kauntungan. - Saperti urang Yahudi, awahing nyaah ku sapi,
api-api nu teu ngarti, kana dawuhan Ilahi. - Nu kitu munapek pasti, saperti urang Yahudi,
bakal dibendon ku Gusti, Alloh mah Maha Tingali.
- Perbawa haliah dunya, mindengna mah sok kacida,
- BARAKATAK
24 Sep 2002 - 12:12 am
Alo kuring asalna mah digawe jadi karyawan diperusahaan, tapi ayeuna mah geus di PHK. Geus genep bulan aya di lembur nganggur.
Bararingung cenah, kana tani teu ahli, buburuh punggal-panggul teu kaduga, usaha kana dagang teu boga modal.
"Diajar dagang leuleutikan bae atuh, lo," cekeng teh mere saran.
"Dagang naon atuh, nya Mang?" cenah.
"Ajaran dagang sangray suuk, enteng garapanana oge."- BASA INDUNG PITUDUH PIKEUN HIRUP APANJANG-APUNJUNGKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga
13 Jun 2002 - 7:00 am
Upami urang nengetan sareng ngalenyepan "hariring indung" dina rumpaka di luhur ku urang bakal karaos pisan, ayana rupi-rupi rasa: harepan, kanyaah, kaiklasan, cita-cita, du'a ti nu jadi indung ka putrana nu jadi jimat manah kembang soca pupunden ati ibu ramana. Ti nalika jabang bayi aya dina lebet kandungan keneh, nu jadi indung mah parantos galecok "sasauran" sareng putra nu dikandungna, basana teh: "Utun-Inji, jabang bayi, masing lulus-banglus, berkah salamet, jauh balai-parek rejeki, pait daging pahang tulang. Amit-amit jabang bayi, ulah rek saturut-turutna, ari lain turutaneun mah, ulah sadenge-dengena ari lain dengekeuneunana, ulah satenjo-tenjona ari lain tenjoeunana, ulah saomong-omongna ari lain omongkeuneunana.