Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci mibanda (15)
- TATA-TITI DUDUGA PRAYOGA PANYANGREUD KARAHAYUAN KULAWARGAKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga
13 Jun 2002 - 6:30 am
Urang Sunda tangtos mikawanoh paribasa anu unina: tata-titi duduga prayoga, anu ieu sadayana kawengku ku tatakrama atanapi etika. Dina kahirupan sadidinten etika teh ngurung tilu widang, nyaeta etika religi/agama, etika filsafat sareng etika sosial. Unggal kulawarga kedah narekahan sangkan anggota kulawargana henteu mengpar tina etika anu tilu widang ieu.
- THE CELESTINE PROPHECY(Manuskrip Celestine anu medar Konsep Evolusi Manusa jeung Kamanusaanana)
25 Apr 2002 - 3:54 am
Buku The Celestine Prophecy, karangan James Redfield ditarjamahkeun ku Alfons Taryadi. diterbitkeun ku Gramedia Pustaka Utama, 1999, citakan ka-3 kaitung buku nu laris, malah loba panganutna, kaasup di Indonesia oge. Ceuk beja mah ieu buku teh gambaran tina pamadeganana kelompok Greenpeace, anu miharep kapiarana lingkungan alam di sakuliah bumi.
Pamadeganana miang tina alam transenden - spiritual - pangpangna kamekaran spiritual personal anu cenah boh ku elmu pangaweruh, ku filsafat malah ku agama oge hal nu transenden spiritual ieu teh can bisa katerangkeun kalawan eces. Aya udagan anu dasar pisan nu rek dihontal ku The Celestine Prophercy nyaeta perlu ayana definisi anyar, pangpangna nu ngeunaan HAKEKAT TUHAN jeung HUBUNGAN URANG JEUNG TUHAN (kaca:51)- PITUDUH SINGGET TIORI DRAMAKu: Drs. H.R. Hidayat Suryalaga
21 Mar 2002 - 5:55 am
Carita drama mibanda unsur-unsur nu sami sareng karya sastra sanesna, upamina sareng novel, roman atanapi carita pondok. Mung dina naskah drama mah, kumargi kanggo gelarkeuneun, unsur carita teh kedah aya pangropea nu husus, pang-pangna dina plot, sareng watek.
Wangun drama sok disebut oge bagan drama, rarancang, rangka drama, atanapi galur drama (damatic line). Aya sawatara pamendak ngeunaan wangun drama teh, nanging urang ngabantun anu basajan bae nya eta nu disebat wangun Aristotelian, numutkeun pamendakna Aristoteles Budayawan Yunani baheula.- CARITA PARAHIYANGAN
30 Nov 2001 - 1:06 am
Carita Parahiyangan teh hiji naskah kuno titilar Karuhun Urang sunda ti Galuh anu pohara munelna, ieu naskah teh luhur pisan ajen sajarahna, teu eleh ajenna najan dibandingkeun jeung pararaton atawa Nagarakretagama, nyaeta anu nyaritakeun hal ihwal katut kaayaan Singasari jeung Majapahit.
Carita Parahyiangan eusina nyarsilahkeun kaayaan pulo Djawa anu nyurug ka bagian Beulah kulon jeung sabagian ka Beulah Wetan; malah nyarsilahkeun Raja Sanjaya basa angkat ti Galuh ka tatar Wetan.
Tempat-tempat atawa daerah anu ditulis dina ieu naskah Carita Parahiyangan sabagian parantos kaungsi raratanana, sarta ti eta tempat-tempat teh loba bahan-bahan sejenna anu bias diguar.- SAWANGAN KANA AJEN INAJEN NU DIKANDUNG DINA KECAP SUNDANumutkeun Leksikografis, Etimologis, Semantis, Heurmanetik
14 Sep 2001 - 12:00 am
Upami dietang kecap Sunda teh numutkeun papayan etimologi aya 25 hartos. Tiasa jadi baris nambihan deui saupami leukeun mapay kamus basa sanesna, upami bae dina kamus Basa Kawi-Perancis, hartos kecap Sunda nya eta Kacida pisan endahna tur hejo ngemploh (Viviane Sukanda Tessier, dina diskusi pengamat Kabudayaan, 1990).




















