Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci ngkong (21)
- BARAKATAK
24 Sep 2002 - 12:12 am
Alo kuring asalna mah digawe jadi karyawan diperusahaan, tapi ayeuna mah geus di PHK. Geus genep bulan aya di lembur nganggur.
Bararingung cenah, kana tani teu ahli, buburuh punggal-panggul teu kaduga, usaha kana dagang teu boga modal.
"Diajar dagang leuleutikan bae atuh, lo," cekeng teh mere saran.
"Dagang naon atuh, nya Mang?" cenah.
"Ajaran dagang sangray suuk, enteng garapanana oge."- NGARAN RUPA-RUPA OMONGAN
11 Jul 2002 - 5:29 am
Rupa-rupa omongan ieu teh mindeng dipake dina paguneman sapopoe. Aya nu ngaharewos, hohoak, kunyam-kunyem jeung kukulutus. Kitu deui aya oge anu sosoak jeung hog hag enggoning cumarita teh.
Kumaha kabeungharannana kecap-kecap dina Basa Sunda ieu teh? Tah, pikeun ngalarapkeunana tangtu urang perlu jentre tur merenah. Ieu rupa-rupa omongan anu biasa dipake dina paguneman sapopoe. Rupa-rupa omongan ieu oge ngebrehkeun ayana kabeungharan.- Pupuh
29 May 2002 - 1:57 am
Ieu Aya papatah lenyepaneun urang sadaya, aya dina wangun pupuh iasanna kasepuhan urang sadaya R.A.A. Soeria Danoeningrat. Tapi kade ah, lamun urang:
Loehoer pangkat dipake basilat
Gede kawasa dipake merkosa,
Soegih beunghar dipake teu wadjar.- BEREGEJED III
15 May 2002 - 1:56 am
Waktu Ki Sanip keur ngasuh incuna anu umur lima taun, kalayang teh aya langlayangan leupas luhureunana.
"Udag, Ki, Udag!" ceuk incuna bari nyurung-nyurung incuna.
Sabenerna Ki Sanip teh geus kolot, geus bongkok.
Leumpang ge dongko komo ieu kudu lumpat. Tapi dasar nyaah ka incu, ngan beretek we manehna lumpat ngudag langlayangan. Tapi hanjakal teu hasil.
Bari renghap ranjung manehna nyamperkeun incuna.
"Lapur Cu, teu kaudag."
"Tuda Aki mah salah. Lumpatna bari jeung dongko sagala. Pan geus puguh langlayangan mah diluhur, teu kudu dodongkoan siga neangan duit leungit, Ki!" ceuk incuna, ngagelendeng semu nu keuheul pisan.- REOG PERLU DIRUMATOleh: Entjim Supardi
26 Feb 2002 - 2:13 am
Kasenian reog kiwari matak prihatin, sabab ayeuna mah beunang dibilang ku ramo jumlahna pakumpulan reog. Beda jeung kayaan din taun limapuluhan anu meh saban kacamatan atawa saban desa ngabogaan grup reog. Siga anu kaalaman ku nu nulis, di Tasikmalaya aya grup reog "Atun", di Ciamis grup reog "Apay" anu kawilang dipikaresep pisan waktu harita. Saban-saban aya nu kariaan teh sok aya wae makalangan, boh reog "Atun" atawa reog "Apay".