Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci ngulik (6)

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 8)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 127 d/k 141 (tamat)

19 Apr 2004 - 1:41 am

71. KUDU SABAR (:2/127) - rhs, 4 Syawal 1421 H


  • Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,
    kudu bari sabar diri, kudu tartib ati-ati.
  • Contona ngadegkeun Ka'bah, ku Ibrahim di baladah,
    ngentepkeun batu teh nungtut, ku leukeun mah nya ngawujud.
  • Mun keur migawe garapan, kudu sabar dileukeunan,
    bari muntang ka Ilahi, gawe teh jadi pangbakti.

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 6)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 94 d/k 114

17 Feb 2004 - 2:20 am

51. WAKTU KEDAH DIANGGO IBADAH (:2/94,95,96) - rhs, 4 Syawal 1421 H


  • Seueur pisan nu nga'dua, hayang paranjang umurna,
    Padahal mun henteu taqwa, panjang umur teh teu guna.
  • Panjang umur sadi siksa, lamun seug salah ngeusina,
    Panjang umur teu mangpa'at, lamun henteu daek solat.
  • Panjang umur bari iman, eta kurnia pangeran,
    Waktu dipake ibadah, umurna ge pinuh berekah.
  • Panjang umur eta bagja, lamun dibarengan takwa,
    Hirup teh gede gunana, lamun seug bisa ngaturna.

UPACARA NGARAS INgawasuh Dampal Sampean Ibu & Rama ku Putrana dina Runtuyan Upacara Nikah Adat Sunda

7 Oct 2002 - 1:39 am

Dina danget ayeuna, upacara Ngaras, parantos prah diaranggo, pangpangna ku juru rias, sareng para ahli nu ngajejeran upacara nikah adat Sunda boh di dayeuh boh di pilemburan. Malah parantos ngawitan aya seler bangsa (etnis) non Sunda, anu "kabita" ku upacara ngaras. Dugi ka-anjeunna palay ngalaksanakeun upacara ngaras nalika nikahkeun putra-putrana. Sim kuring pribadi nyiptakeun upacara ngaras teh taun 1983. Ti harita mah kaetang sering ngajejeran acara ngaras di lingkungan urang Sunda, kantos oge ngalaksanakeun upacara ngaras di lingkungan kulawarga (etnis) Betawi, Jawa, Padang, Batak, Menado, Bengkulu, Palembang, malah kantos nu salasawios pangantenna bangsa Perancis, Amerika, Jepang sareng Cina, nanging anu parantos ngagem agama Islam; margi ieu upacara ti awitna mula pamianganana teh tina ajen-inajen anu Islami.

BASA INDUNG PITUDUH PIKEUN HIRUP APANJANG-APUNJUNGKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga

13 Jun 2002 - 7:00 am

Upami urang nengetan sareng ngalenyepan "hariring indung" dina rumpaka di luhur ku urang bakal karaos pisan, ayana rupi-rupi rasa: harepan, kanyaah, kaiklasan, cita-cita, du'a ti nu jadi indung ka putrana nu jadi jimat manah kembang soca pupunden ati ibu ramana. Ti nalika jabang bayi aya dina lebet kandungan keneh, nu jadi indung mah parantos galecok "sasauran" sareng putra nu dikandungna, basana teh: "Utun-Inji, jabang bayi, masing lulus-banglus, berkah salamet, jauh balai-parek rejeki, pait daging pahang tulang. Amit-amit jabang bayi, ulah rek saturut-turutna, ari lain turutaneun mah, ulah sadenge-dengena ari lain dengekeuneunana, ulah satenjo-tenjona ari lain tenjoeunana, ulah saomong-omongna ari lain omongkeuneunana.

SILIH ASIH, SILIH ASAH, SILIH ASUH (2)Ku: Hidayat Suryalaga

6 Sep 2001 - 10:06 am

Konsep dasar silih asah nyaeta silih tambahan kanyaho, silih seukeutan elmu pangaweruh, silih tambahan pangalaman. Ningkatkeun kamaheran jeung ningkatkeun kualitas mikir pikeun ngungkulan tangtangan atawa masalah nu disanghareupan.