Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci nincak (11)
- Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang
9 Jan 2003 - 10:19 pm
Dina raraga nyoreang alam katukang, mulangkeun panineungan kaayaan dayeuh Bandung antawis taun 1950-an dugi ka taun '60-an nu tangtos kaayaan harita kalintang tebih pisan bentenna sareng Bandung ayeuna. Dina seratan ieu dicobi dipedar seratan saderek Us Tiarsa R nu sadidintenna mancen tugas salaku redaksi "Pikiran Rakyat Grup" hususna di mingguan "Galura" Bandung nu urang moal bireuk deui, dicutat tina buku "Basa Bandung Halimunan" nu diterbitkeun ku Penerbit Yayasan Galura.
- SI KABAYAN NGAKU HATUT
11 Jul 2002 - 5:45 am
Si Kabayan boga kiai beuki hatut, barang kiaina endek kawin ngumaha ka Si Kabayan, cek kiaina, "Kumaha Kabayan aing dek kawin, tapi dia nyaho lamun aing eta bosen teu ilok karasa deui laju hatut bae, atuh."
Cek Si Kabayan, "Cocokan bae jubur kiai."
Cek Kiaina, "Ari dicocokan matak mules beuteung engke lesot bae cocokna nyebrot kaluar jeung bukurna, beuki matak isin; jadi kieu geh; lamun engke aing nyembah ka mitoha dia ulah jauh nuturkeun ti burieun aing, ari aing hatut aku bae ku dia, ja dia mah lain panganten ieuh, moal isin, engke dia ku aing diupahan ali cacag nangka, kop tah alina."- 100 BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDAKu: Drs. Tatang Sumarsono
11 Feb 2002 - 2:21 am
Babasan jeung Paribasa Sunda mangrupa bagian tina kahirupan tur milu ngajembaran Basa Sunda sarta miboga kalungguhan anu penting pikeun panyaturna. Tacan kapaluruh sacara pasti, komo mun tepi kabilangan taunna, ti mimiti iraha gelarna eta rupa-rupa babasan jeung paribasa teh; ngan wae gede kamungkinan henteu sawaktu. Dina harti, mungkin aya anu gelarna geus heubeul pisan jeung deuih anu diduga rada beh dieu. Anu dipake ukuran heubeul jeung anyar teh diantarana ungkara kecap atawa frasa, adegan kalimah, atawa eusi anu dikandungna.
- KUMPULAN SAJAK SUNDA
7 Jan 2002 - 12:26 am
Sajak Sunda umurna teh geus leuwih ti satengah abad. Kitu sotenan lamun diukur ti mimiti Kis Ws nulis sajak, dituturkeun ku KTS (Kadir Tisna Sudjana), ditema ku "Polemik" ngeunaan hak hirup sajak, sarta nepi ka baranahan tug nepi ka kiwari. Mapay lalakon nu sakitu panjangna teh, tangtu we urang bakal panggih jeung patok-patok anu kawilang tingjalegir, kayaning: Kis Ws, Sayudi, Ayip Rosidi, Surachman RM, Wahyu Wibisana, Rachmat M.Sas Karana, Usep Romli, tug nepi ka Godi Suwarna.
- SAWANGAN KANA AJEN INAJEN NU DIKANDUNG DINA KECAP SUNDANumutkeun Leksikografis, Etimologis, Semantis, Heurmanetik
14 Sep 2001 - 12:00 am
Upami dietang kecap Sunda teh numutkeun papayan etimologi aya 25 hartos. Tiasa jadi baris nambihan deui saupami leukeun mapay kamus basa sanesna, upami bae dina kamus Basa Kawi-Perancis, hartos kecap Sunda nya eta Kacida pisan endahna tur hejo ngemploh (Viviane Sukanda Tessier, dina diskusi pengamat Kabudayaan, 1990).




















