Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci panonpoe (9)
- THE CELESTINE PROPHECY(Manuskrip Celestine anu medar Konsep Evolusi Manusa jeung Kamanusaanana)
25 Apr 2002 - 3:54 am
Buku The Celestine Prophecy, karangan James Redfield ditarjamahkeun ku Alfons Taryadi. diterbitkeun ku Gramedia Pustaka Utama, 1999, citakan ka-3 kaitung buku nu laris, malah loba panganutna, kaasup di Indonesia oge. Ceuk beja mah ieu buku teh gambaran tina pamadeganana kelompok Greenpeace, anu miharep kapiarana lingkungan alam di sakuliah bumi.
Pamadeganana miang tina alam transenden - spiritual - pangpangna kamekaran spiritual personal anu cenah boh ku elmu pangaweruh, ku filsafat malah ku agama oge hal nu transenden spiritual ieu teh can bisa katerangkeun kalawan eces. Aya udagan anu dasar pisan nu rek dihontal ku The Celestine Prophercy nyaeta perlu ayana definisi anyar, pangpangna nu ngeunaan HAKEKAT TUHAN jeung HUBUNGAN URANG JEUNG TUHAN (kaca:51)- KUMPULAN SAJAK SUNDA
7 Jan 2002 - 12:26 am
Sajak Sunda umurna teh geus leuwih ti satengah abad. Kitu sotenan lamun diukur ti mimiti Kis Ws nulis sajak, dituturkeun ku KTS (Kadir Tisna Sudjana), ditema ku "Polemik" ngeunaan hak hirup sajak, sarta nepi ka baranahan tug nepi ka kiwari. Mapay lalakon nu sakitu panjangna teh, tangtu we urang bakal panggih jeung patok-patok anu kawilang tingjalegir, kayaning: Kis Ws, Sayudi, Ayip Rosidi, Surachman RM, Wahyu Wibisana, Rachmat M.Sas Karana, Usep Romli, tug nepi ka Godi Suwarna.
- SAWANGAN KANA AJEN INAJEN NU DIKANDUNG DINA KECAP SUNDANumutkeun Leksikografis, Etimologis, Semantis, Heurmanetik
14 Sep 2001 - 12:00 am
Upami dietang kecap Sunda teh numutkeun papayan etimologi aya 25 hartos. Tiasa jadi baris nambihan deui saupami leukeun mapay kamus basa sanesna, upami bae dina kamus Basa Kawi-Perancis, hartos kecap Sunda nya eta Kacida pisan endahna tur hejo ngemploh (Viviane Sukanda Tessier, dina diskusi pengamat Kabudayaan, 1990).
- SABDA MUTIARA TI TATAR SUNDA
6 Sep 2001 - 12:00 am
Kalayan geter, nu ngaweuh aubing wujud, kereteg ati ngucapkeun syukur.
Rehing ngalangkungan SundaNet.Com, parantos tiasa kapedalkeun catetan wejangan-wejangan amanat para kasepuhan ti Tatar Sunda, anu digelaran ku Sabda Mutiarana Kasepuhan ti Cinunuk Garut sarta saterasna Insya Allah sabda-sabda sanesna.




















