Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci percanten (5)
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 8)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 127 d/k 141 (tamat)
19 Apr 2004 - 1:41 am
71. KUDU SABAR (:2/127) - rhs, 4 Syawal 1421 H
- Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,
kudu bari sabar diri, kudu tartib ati-ati. - Contona ngadegkeun Ka'bah, ku Ibrahim di baladah,
ngentepkeun batu teh nungtut, ku leukeun mah nya ngawujud. - Mun keur migawe garapan, kudu sabar dileukeunan,
bari muntang ka Ilahi, gawe teh jadi pangbakti.
- Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 4)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 51 d/k 66
17 Feb 2003 - 5:45 am
31. ULAH NURUTAN JELEMA ANU DOLIM (:2/51,52) - rhs, 1 Syawal 1421 H
- Nu dolim tong diturutan, baheula geus kaalaman,
umat jaman Nabi Musa, nyarembah arca berhala. - Padahal geus dielingan, ku Nabi Musa utusan,
dina Toret geus diserat, Alloh maparin amanat. - Urang ge jaman ayeuna, kade ulah kitu peta,
gawe ngumpul-ngumpul harta, harta dijieun berhala. - Mun rumaos nyorang lepat, atuh kedah gancang tobat,
da Alloh mah Maha Heman, ngahapunten kalepatan.
- Nu dolim tong diturutan, baheula geus kaalaman,
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 2)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 19 d/k 30
20 Dec 2002 - 1:11 am
11. CAHAYA KILAT SAJORELAT (:2/19) - rhs, 2 Syawal 1421 H
- Pareng leumpang tengah peuting, poek mongkleng sepi jempling,
ngadadak baranyay kilat, serab kilat sajorelat. - Jelebet sorana tarik, dunya eundeur rek tibalik,
tinggorowok tingkoceak, asa kiamat ngadadak. - Gelap dor-dar tingjelegur, dunya asa arek lebur,
nu munapek tingjarerit, sieun maot jadi mayit. - Careurik aluk-alukan, anak bojo dicalukan,
tapi taya nu nembalan, hayang salamet sorangan. - Kitu misil nu munapek, leumpang ngatog di nu poek,
uyup-ayap rungah-ringeuh, hatena tagiwur riweuh. - Nu munapek lolong hate, teu apal goreng jeung hade,
cilaka estu cilaka, nu munapek ka naraka. - Alloh Nu Maha Ngamurba, ngamurba ka sadayana,
sadaya mahluk Mantenna, Alloh Nu Maha Kawasa.
- Pareng leumpang tengah peuting, poek mongkleng sepi jempling,
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS IAl Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 1 d/k 18
18 Nov 2002 - 1:49 pm
1. ALLOH ANU MAHA UNINGA (:2/1,2) - rhs, 1 Syawal 1421 H
- Alloh Nu Maha Uninga, kana sadaya dawuh-Na,
mungguhing urang manusa, wajib kedah percantenna. - Kana Qur'an ulah hamham, ulah waswas ragu-ragu,
upami urang mihamham, tangtos urang buntu laku. - Sadaya umat Pangeran, kedah kenging tuduh jalan,
nu mawi lumungsur Qur'an, pikeun tuduh jalan iman. - Tawisna nu takwa to'at, yakin ayana aherat,
solatna teh tara pegat, ku Alloh tangtos dirahmat.
- Alloh Nu Maha Uninga, kana sadaya dawuh-Na,
- NGAGUAR MANGSA NGADEGNA UNPADKu: H. Apep Syafei
1 May 2002 - 5:54 am
Sok sanajan geus rawun da bongan sok masih keneh hayang bucu-baca komo mun seug nu dibaca teh aya patula patalina jeung pangalaman nu kungsi karandapan ku sorangan, dina palebah nu nulis macaan sajarah-sajarah Unpad boh Paguyuban Pasundan ngan ukur bisa seuri koneng ari margina ceuk raraosan upami di ibaratkeun mah teu benten sareng nongton Asep Sunarya barang bray teh ujug-ujug ger teh Gatotgaca keur perang jadi teu terang naon sababna.
Tah kukituna barang pun incu nerangkeun yen internet tiasa jadi alat informasi sareng komunikasi jorojoy hoyong kutrat- kotret saperti jaman keur ngora susuganan bae aya paedahna keur sarerea. Jaman keur jadi tukang nyadapan warta di koran "Sipatahoenan" (1950/1960).




















