Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci putra (38)
- BASA INDUNG PITUDUH PIKEUN HIRUP APANJANG-APUNJUNGKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga
13 Jun 2002 - 7:00 am
Upami urang nengetan sareng ngalenyepan "hariring indung" dina rumpaka di luhur ku urang bakal karaos pisan, ayana rupi-rupi rasa: harepan, kanyaah, kaiklasan, cita-cita, du'a ti nu jadi indung ka putrana nu jadi jimat manah kembang soca pupunden ati ibu ramana. Ti nalika jabang bayi aya dina lebet kandungan keneh, nu jadi indung mah parantos galecok "sasauran" sareng putra nu dikandungna, basana teh: "Utun-Inji, jabang bayi, masing lulus-banglus, berkah salamet, jauh balai-parek rejeki, pait daging pahang tulang. Amit-amit jabang bayi, ulah rek saturut-turutna, ari lain turutaneun mah, ulah sadenge-dengena ari lain dengekeuneunana, ulah satenjo-tenjona ari lain tenjoeunana, ulah saomong-omongna ari lain omongkeuneunana.
- TATA-TITI DUDUGA PRAYOGA PANYANGREUD KARAHAYUAN KULAWARGAKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga
13 Jun 2002 - 6:30 am
Urang Sunda tangtos mikawanoh paribasa anu unina: tata-titi duduga prayoga, anu ieu sadayana kawengku ku tatakrama atanapi etika. Dina kahirupan sadidinten etika teh ngurung tilu widang, nyaeta etika religi/agama, etika filsafat sareng etika sosial. Unggal kulawarga kedah narekahan sangkan anggota kulawargana henteu mengpar tina etika anu tilu widang ieu.
- NGAGUAR MANGSA NGADEGNA UNPADKu: H. Apep Syafei
1 May 2002 - 5:54 am
Sok sanajan geus rawun da bongan sok masih keneh hayang bucu-baca komo mun seug nu dibaca teh aya patula patalina jeung pangalaman nu kungsi karandapan ku sorangan, dina palebah nu nulis macaan sajarah-sajarah Unpad boh Paguyuban Pasundan ngan ukur bisa seuri koneng ari margina ceuk raraosan upami di ibaratkeun mah teu benten sareng nongton Asep Sunarya barang bray teh ujug-ujug ger teh Gatotgaca keur perang jadi teu terang naon sababna.
Tah kukituna barang pun incu nerangkeun yen internet tiasa jadi alat informasi sareng komunikasi jorojoy hoyong kutrat- kotret saperti jaman keur ngora susuganan bae aya paedahna keur sarerea. Jaman keur jadi tukang nyadapan warta di koran "Sipatahoenan" (1950/1960).- Dongeng Sasakala: SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU
1 Mar 2002 - 2:31 am
Jaman baheula di pulo Jawa beulah Kulon, ngadeg hiji karajaan nu diratuan ku Prabu Rakata. Sang Prabu kagungan putra dua. Anu cikal jenengan Raden Sundana, anu bungsu Raden Tapobrana. Harita mah Pulo Jawa sareng Sumatera teh ngahiji.
Ku margi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, teras masrahkeun karajaan ka putra-putrana. Karajaan teh dibagi dua. Anu palih Wetan ka Raden Sundana, nu palih Kulon ka Raden Tapobrana.- Dongeng Sasakala: SITU LENGKONG
18 Feb 2002 - 7:29 am
Jaman baheula, anu jumeneng raja di nagara Cipanjalu, jujulukna Prabu Cakradewa. Anjeunna kagungan putra pameget hiji, kakasihna Prabu Borosngora.
Barang putrana geus sawawa, ku ramana dipiwarang ngalalana nyiar pangabisa.
Sanggeus mangtaun-taun lilana di pangumbaraan, anjeunna mulih deui ka bali geusan ngajadi. Sasumpingna, ramana ngayakeun pesta, sarta nanggap ronggeng sagala, ramena teu kira-kira.





















