Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci sabab (63)
- DIRIGEN
13 Jan 2004 - 10:19 pm
Dirigen teh anu mingpin pintonan musik, biasana dina wangunan orkestra atawa paduan suara. Sang dirigen disebutna konduktor, mingpin, nangtung dihareupeun pamaen musik atawa vokal, mere aba-aba atawa ngatur irama lagu. Dina istilah karawitan mah, can aya ngaran nu baku, sabab hal ieu teu patia biasa dipake. Dina nabeuh upamana, sanajan loba nu maenna tur laguna panjang, bisa jaralan sorangan tanpa kudu dipingpin ku dirigen.
- ABAH IWAN (Ir. Iwan Abdulrahman)"Balik ka Leuweung, indit ti Leuweung"
27 Aug 2003 - 2:59 am
Bandung teh hiji kota anu kacida unikna nu mibanda karakter sarta sipat anu mandiri. Dina hirup kumbuhna kota, Bandung geus mere "inspirasi" henteu ngan ukur ka nagara urang wae, tapi oge umumna ka sakuliah dunya. Kacida lobana gerakan kapamudaan lahir, mekar sarta ngawujud di Kota Bandung, sarta jadi "inspirasi" pikeun kota-kota sejenna di Indonesia. Teu kaitung tokoh formal sarta informal nu digedekeun ku kasomeahan kota Bandung. Diantarana sebut wae: ti Ir. Soekarno nepi ka Aa Gym.
Salahsahiji Icon dayeuh Bandung dina widang kapamudaan, di antarana moal lesot tina peran Ir. Iwan Abdulrahman. Sebut wae komunitas Wanadri, Damas, PMB, UNPAD, kasenian (salahsahijina ngaliwatan BIMBO), widang kamiliteran (Instruktur Militer), tokoh "lingkungan hidup" sarta widang-widang sejenna.- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 5)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 67 d/k 93
1 May 2003 - 2:10 am
41. PERBAWANA DUNYA (:2/67,68,69,70) - rhs, 3 Syawal 1421 H
- Perbawa haliah dunya, mindengna mah sok kacida,
marageuhan bebeneran, asa bener ceuk sorangan. - Dugi ka dawuh Ilahi, dirugal-rigel pribadi,
ngahaja ditarekahan, sangkan teu karurugian. - Nyieun rupaning alesan, ngahaja dipalikiran,
dawuh Alloh diakalan, sangkan jadi kauntungan. - Saperti urang Yahudi, awahing nyaah ku sapi,
api-api nu teu ngarti, kana dawuhan Ilahi. - Nu kitu munapek pasti, saperti urang Yahudi,
bakal dibendon ku Gusti, Alloh mah Maha Tingali.
- Perbawa haliah dunya, mindengna mah sok kacida,
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 4)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 51 d/k 66
17 Feb 2003 - 5:45 am
31. ULAH NURUTAN JELEMA ANU DOLIM (:2/51,52) - rhs, 1 Syawal 1421 H
- Nu dolim tong diturutan, baheula geus kaalaman,
umat jaman Nabi Musa, nyarembah arca berhala. - Padahal geus dielingan, ku Nabi Musa utusan,
dina Toret geus diserat, Alloh maparin amanat. - Urang ge jaman ayeuna, kade ulah kitu peta,
gawe ngumpul-ngumpul harta, harta dijieun berhala. - Mun rumaos nyorang lepat, atuh kedah gancang tobat,
da Alloh mah Maha Heman, ngahapunten kalepatan.
- Nu dolim tong diturutan, baheula geus kaalaman,
- Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang
9 Jan 2003 - 10:19 pm
Dina raraga nyoreang alam katukang, mulangkeun panineungan kaayaan dayeuh Bandung antawis taun 1950-an dugi ka taun '60-an nu tangtos kaayaan harita kalintang tebih pisan bentenna sareng Bandung ayeuna. Dina seratan ieu dicobi dipedar seratan saderek Us Tiarsa R nu sadidintenna mancen tugas salaku redaksi "Pikiran Rakyat Grup" hususna di mingguan "Galura" Bandung nu urang moal bireuk deui, dicutat tina buku "Basa Bandung Halimunan" nu diterbitkeun ku Penerbit Yayasan Galura.




















