Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci tiasa (41)
- TATAKRAMA BASA SUNDAKu: Drs. H.R. Hidayat Suryalaga
11 Mar 2002 - 3:42 am
Undak-Usuk Basa Sunda anu dina Kongres Basa Sunda taun 1986 di Cipayung Bogor disebut TATAKRAMA BASA SUNDA teh upama dijumlahkeun mah aya dalapan tahapan (ragam). Sanajan Konferensi Kebudayaan Sunda I di Bandung jeung Kongres Basa Sunda VII di Garut ngusulkeun supaya Tatakrama Basa Sunda (UUBS) cukup dua tahap bae nyaeta RAGAM HORMAT jeung RAGAM LOMA, tapi dina hirup kumbuh sapopoe mah masih keneh digarunakeun TILU TAHAP/RAGAM.
- BEREGEJED II
11 Mar 2002 - 3:23 am
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki.
"Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?"
"Kumaha jalmina?"
"Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200 kg!"
"Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
"Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!"- LAGU–LAGU KAWIH SUNDA(Manglean I)
5 Feb 2002 - 8:46 pm
Dina kandaga kabeungharan seni swara Sunda aya nu disebat KAWIH aya nu dipirig ku waditra aya oge anu ditambul bae. Piriganana tiasa ku kilinihgan, degung, kacapian, calung, angklung, malah tiasa bae ku alat musik moderen oge.
Rumpaka lalaguan Kawih kalintang seueurna, malah seueur anu parantos dianggap klasi upamina bae Es Lilin, Awi Ngarambat, Manuk Dadali, Budak Ceurik jeung sajabana ti eta. Kanggo panglejar kalbu mangga ku para wargi SundaNet.Com dihahariringkeun. Ayeuna nembe kahaturkeun Mangalean ka-I.- GENRE DAN GAYA TARI SUNDAOleh: Nana Munajat
29 Jan 2002 - 10:49 pm
Dalam dunia Tari Sunda di Jawa Barat dikenal adanya beberapa genre atau jenis penyajian tari dan gaya atau sifat pembawaan tari. Masing-masing wilayah memiliki genre dan gaya tersendiri. Kedua sisi ini menjadikan tari memiliki bentuk dan warna yang khas. Genre tari sering pula disebut jenis atau rumpun. Genre tari ini terlahir oleh karya dan karsa masyarakat atau individu yang kemudian menyebar di masyarakat. Secara umum tari Sunda atau tari Jawa Barat terbagi dalam beberapa genre antara lain genre tari rakyat, tari wayang, tari keurseus, tari topeng, tari Tjetje Somantri, tari wanda anyar dan ibing penca.
- KUMPULAN SAJAK SUNDA
7 Jan 2002 - 12:26 am
Sajak Sunda umurna teh geus leuwih ti satengah abad. Kitu sotenan lamun diukur ti mimiti Kis Ws nulis sajak, dituturkeun ku KTS (Kadir Tisna Sudjana), ditema ku "Polemik" ngeunaan hak hirup sajak, sarta nepi ka baranahan tug nepi ka kiwari. Mapay lalakon nu sakitu panjangna teh, tangtu we urang bakal panggih jeung patok-patok anu kawilang tingjalegir, kayaning: Kis Ws, Sayudi, Ayip Rosidi, Surachman RM, Wahyu Wibisana, Rachmat M.Sas Karana, Usep Romli, tug nepi ka Godi Suwarna.




















