Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci weruh (17)
- Karesmen Ngertakeun Bumi Lamba
7 Nov 2003 - 3:44 am
Cikeruh Ulah Rek Kiruh, Kuduna Canembrang Herang.
Nya Ieu Sirah Cai Ci Sempur, Kudu Dirumat Sangkan Hirup Makmur.
Di dieu Tapak Sasaka, Sirah Walungan Jadi Pusaka.
Lamun Hirup Hayang Nanjung, Piara Ieu Sirah Cikapundung.
Ieu Sasaka Jadi Amanat, Sirah Cai Kudu Dirumat.
Sasaka Karaharjaan, Ku Miara Ieu Sungapan.
Ciri Bakti ka Lemah Cai, Ku Miara Ieu Sirah Cai.- PARIBASA ANYAR
11 Nov 2002 - 2:20 pm
Ku saliwat mah kabeungharan paribasa Sunda teh henteu ngarekahan henteu nambahan. Lolobana nu diparake teh paribasa nu geus nyampak (sampakan). Ku kituna teu saeutik paribasa anu harti kecapna malah harti eta paribasa geus teu kapahameun deui ku balarea, kulantaran boh kecapna boh barang atawa pasipatan anu dituduhkeun ku eta kecap geus teu dipiwanoh deui ku masarakat.
- KECAP SESEBUTAN WAKTU
11 Jul 2002 - 7:36 am
Dina mahabuna elmu pangaweruh kiwari, umumna nu diudag teh pasualan atanapi pangaweruh anyar. Kukituna sabengbatan mah KECAP SESEBUTAN WAKTU ieu teh sapertos teu aya pupurieunana. Moal boa seueur diantawis baraya Kisunda anu lali kana sesebutan waktu ieu.
Tah, bilih teras lapur kateureuy waktu, urang pulungan deui nu tos nyarahcal maruragan laleungitan teh. Eta cenah tos teu luyu sareng paneka jaman, keun bae, da ieu mah niatna oge ngampihan. Bilih bae jaga anak incu urang nanya sesebutan waktu sapertos wanci rumangsang, sapanyeupahan atawa naon ari sataun landung teh?- BASA INDUNG PITUDUH PIKEUN HIRUP APANJANG-APUNJUNGKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga
13 Jun 2002 - 7:00 am
Upami urang nengetan sareng ngalenyepan "hariring indung" dina rumpaka di luhur ku urang bakal karaos pisan, ayana rupi-rupi rasa: harepan, kanyaah, kaiklasan, cita-cita, du'a ti nu jadi indung ka putrana nu jadi jimat manah kembang soca pupunden ati ibu ramana. Ti nalika jabang bayi aya dina lebet kandungan keneh, nu jadi indung mah parantos galecok "sasauran" sareng putra nu dikandungna, basana teh: "Utun-Inji, jabang bayi, masing lulus-banglus, berkah salamet, jauh balai-parek rejeki, pait daging pahang tulang. Amit-amit jabang bayi, ulah rek saturut-turutna, ari lain turutaneun mah, ulah sadenge-dengena ari lain dengekeuneunana, ulah satenjo-tenjona ari lain tenjoeunana, ulah saomong-omongna ari lain omongkeuneunana.
- TANGTUNGAN SUNDA EUSI PIKEUN NANJEURKEUN DEUI SUNDAKu: Eddy Nugraha
13 Jun 2002 - 6:45 am
Salian ti warna-warna kanyaho Urang Sunda ngeunaan sebutan Sunda eta, harti nu dipake ku para ahli ngeunaan Sunda oge robah-robah ti jaman ka jaman. Misalna, dina pustaka tahun 50-an harti sunda teh nepikeun ka leuwih ti 25 harti (Sajarah Sunda I, 1956). Satuluyna, dina kamus Basa Sunda timiti citakan ka 1 (LBSS, 1975) nepi ka citakan ka 7 (LBSS 1992) ngan dihartikeun sacara etnis sanajan ditambah katerangan ngeunaan harti asalna. Robah-robahna ieu nunjukkeun robahna pangartos para ahli Urang Sunda dina ngama'naan sunda jeung dina ngajelaskeun ngeunaan tangtungan sunda ka bangsana.




















