Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci adina (30)
- Kawih Sunda III
21 May 2002 - 1:24 am
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan
Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan
Mojang ti Priangan
Lucu sae atikan
Sae basa sopan
Mojang Priangan- Dongeng Sasakala: BIRUANG JADI GALAK
16 May 2002 - 2:39 am
Baheula biruang atawa ontohod teh bejana bageur, malah sok daek tutulung ka jelema. Ieu dihandap aya dongen hiji biruang jeung jurutani. Aya hiji jurutani boga sawah disisi leuweung, sarta sosobatan jeung biruang. Waktu sawahna dipelakan pare, unggal peuting sok dijaga ku biruang. Atuh senang jurutani teh, datangna kasawah ti beurang wungkul.
- KUMAHA LAMUN GEDUNG DPRD JAWA BARAT DI ARANAN BALE SIPATAHOENAN?Ku: H. Apep Syafei
12 May 2002 - 11:06 pm
Ari Sipatahoenan teh ngaran hiji leuwi di Pajajaran. Jadi ku ayana Leuwi Sipatahoenan teh nu tadina pagirang-girang bisa namper tur rata sakumaha beungeutna cai di leuwi, jadi kukituna Sipatahoenan teh hiji tarekah kolot-kolot urang baheula supaya urang Sunda bisa runtut raut sauyunan sakumaha ngagimblengna cai dina leuwi.
Kumaha upami tarekah kolot baheula teh diropea deui ngan jentulannana benten ulah Koran, tapi ditepakeun ka Gedung DPRD Jawa Barat? Kumaha upami urang namian bae Gedung DPRD Jawa Barat teh janten BALE SIPATAHOENAN? Mugi-mugi bae nu adu renyom teh tiasa namper siga ngagimblengna cai dina leuwi Situ Sipatahoenan.- NGAGUAR MANGSA NGADEGNA UNPADKu: H. Apep Syafei
1 May 2002 - 5:54 am
Sok sanajan geus rawun da bongan sok masih keneh hayang bucu-baca komo mun seug nu dibaca teh aya patula patalina jeung pangalaman nu kungsi karandapan ku sorangan, dina palebah nu nulis macaan sajarah-sajarah Unpad boh Paguyuban Pasundan ngan ukur bisa seuri koneng ari margina ceuk raraosan upami di ibaratkeun mah teu benten sareng nongton Asep Sunarya barang bray teh ujug-ujug ger teh Gatotgaca keur perang jadi teu terang naon sababna.
Tah kukituna barang pun incu nerangkeun yen internet tiasa jadi alat informasi sareng komunikasi jorojoy hoyong kutrat- kotret saperti jaman keur ngora susuganan bae aya paedahna keur sarerea. Jaman keur jadi tukang nyadapan warta di koran "Sipatahoenan" (1950/1960).- THE CELESTINE PROPHECY(Manuskrip Celestine anu medar Konsep Evolusi Manusa jeung Kamanusaanana)
25 Apr 2002 - 3:54 am
Buku The Celestine Prophecy, karangan James Redfield ditarjamahkeun ku Alfons Taryadi. diterbitkeun ku Gramedia Pustaka Utama, 1999, citakan ka-3 kaitung buku nu laris, malah loba panganutna, kaasup di Indonesia oge. Ceuk beja mah ieu buku teh gambaran tina pamadeganana kelompok Greenpeace, anu miharep kapiarana lingkungan alam di sakuliah bumi.
Pamadeganana miang tina alam transenden - spiritual - pangpangna kamekaran spiritual personal anu cenah boh ku elmu pangaweruh, ku filsafat malah ku agama oge hal nu transenden spiritual ieu teh can bisa katerangkeun kalawan eces. Aya udagan anu dasar pisan nu rek dihontal ku The Celestine Prophercy nyaeta perlu ayana definisi anyar, pangpangna nu ngeunaan HAKEKAT TUHAN jeung HUBUNGAN URANG JEUNG TUHAN (kaca:51)




















