Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci anjeun (23)
- Naskah Kuna: WAWACAN LUTUNG KASARUNGOleh: Drs. H. Rd. Hidayat Suryalaga
11 Jul 2002 - 4:55 am
Meureun hidep ge geus nguping, carios sepuh baheula, aya dongeng anu rame, carita pantun asalna, asli dongeng ti Sunda, carita Lutung Kasarung, kieu geura lalakonna.
Kacaturkeun hiji wanci, tempatna di Kahiangan, bujangga karempel kabeh, para pohaci harempak, sareng hiji satria, kasep putra Sunan ambu, nu jenengan Guru Minda.- TANGTUNGAN SUNDA EUSI PIKEUN NANJEURKEUN DEUI SUNDAKu: Eddy Nugraha
13 Jun 2002 - 6:45 am
Salian ti warna-warna kanyaho Urang Sunda ngeunaan sebutan Sunda eta, harti nu dipake ku para ahli ngeunaan Sunda oge robah-robah ti jaman ka jaman. Misalna, dina pustaka tahun 50-an harti sunda teh nepikeun ka leuwih ti 25 harti (Sajarah Sunda I, 1956). Satuluyna, dina kamus Basa Sunda timiti citakan ka 1 (LBSS, 1975) nepi ka citakan ka 7 (LBSS 1992) ngan dihartikeun sacara etnis sanajan ditambah katerangan ngeunaan harti asalna. Robah-robahna ieu nunjukkeun robahna pangartos para ahli Urang Sunda dina ngama'naan sunda jeung dina ngajelaskeun ngeunaan tangtungan sunda ka bangsana.
- Kawih Sunda I
21 May 2002 - 1:05 am
Kanggo nyaosan anu mikapalay supados lagu-lagu/kawih Sunda diwuwuhan deui, ieu kahaturkeun. Kapayunna bade dirempegan ku lagu-lagu panambih Tembang Sunda/Cianjuran. Aya oge anu mundut supados dimuat lagu poko Tembang Sunda/Cianjuran. Insya-Alloh hiji waktos mah tiasa kasubadanan.
Sumangga wilujeng ngahariring, mulangkeun panineungan, ngawawaas anjeun di pangumbaraan.- Dongeng Sasakala: KUYA NGAGANDONG IMAHNA
16 May 2002 - 3:01 am
Jaman baheula pisan aya kuya imah-imah di sisi muara. Ari gawena saban poe ngahuma. Getol ngahumana teh, indit subuh datang maghrib.
Dina hiji mangsa keur manehna aya dihuma, aya hujan angin gede naker. Tatangkalan loba nu rungkad. Imah kuya oge ka apungkeun, muragna brus ka leuwi, lep kalem.
Sakadang kuya sediheun pisan, barang nyampak imah na geus teu aya teh. Isukna deg deui ngadegkeun imah nu tohaga, supaya ulah kabawa deui ku angin.- KUMAHA LAMUN GEDUNG DPRD JAWA BARAT DI ARANAN BALE SIPATAHOENAN?Ku: H. Apep Syafei
12 May 2002 - 11:06 pm
Ari Sipatahoenan teh ngaran hiji leuwi di Pajajaran. Jadi ku ayana Leuwi Sipatahoenan teh nu tadina pagirang-girang bisa namper tur rata sakumaha beungeutna cai di leuwi, jadi kukituna Sipatahoenan teh hiji tarekah kolot-kolot urang baheula supaya urang Sunda bisa runtut raut sauyunan sakumaha ngagimblengna cai dina leuwi.
Kumaha upami tarekah kolot baheula teh diropea deui ngan jentulannana benten ulah Koran, tapi ditepakeun ka Gedung DPRD Jawa Barat? Kumaha upami urang namian bae Gedung DPRD Jawa Barat teh janten BALE SIPATAHOENAN? Mugi-mugi bae nu adu renyom teh tiasa namper siga ngagimblengna cai dina leuwi Situ Sipatahoenan.





















