Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci atawa (56)
- NGARAN RUPA-RUPA OMONGAN
11 Jul 2002 - 5:29 am
Rupa-rupa omongan ieu teh mindeng dipake dina paguneman sapopoe. Aya nu ngaharewos, hohoak, kunyam-kunyem jeung kukulutus. Kitu deui aya oge anu sosoak jeung hog hag enggoning cumarita teh.
Kumaha kabeungharannana kecap-kecap dina Basa Sunda ieu teh? Tah, pikeun ngalarapkeunana tangtu urang perlu jentre tur merenah. Ieu rupa-rupa omongan anu biasa dipake dina paguneman sapopoe. Rupa-rupa omongan ieu oge ngebrehkeun ayana kabeungharan.- TANGTUNGAN SUNDA EUSI PIKEUN NANJEURKEUN DEUI SUNDAKu: Eddy Nugraha
13 Jun 2002 - 6:45 am
Salian ti warna-warna kanyaho Urang Sunda ngeunaan sebutan Sunda eta, harti nu dipake ku para ahli ngeunaan Sunda oge robah-robah ti jaman ka jaman. Misalna, dina pustaka tahun 50-an harti sunda teh nepikeun ka leuwih ti 25 harti (Sajarah Sunda I, 1956). Satuluyna, dina kamus Basa Sunda timiti citakan ka 1 (LBSS, 1975) nepi ka citakan ka 7 (LBSS 1992) ngan dihartikeun sacara etnis sanajan ditambah katerangan ngeunaan harti asalna. Robah-robahna ieu nunjukkeun robahna pangartos para ahli Urang Sunda dina ngama'naan sunda jeung dina ngajelaskeun ngeunaan tangtungan sunda ka bangsana.
- TATA-TITI DUDUGA PRAYOGA PANYANGREUD KARAHAYUAN KULAWARGAKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga
13 Jun 2002 - 6:30 am
Urang Sunda tangtos mikawanoh paribasa anu unina: tata-titi duduga prayoga, anu ieu sadayana kawengku ku tatakrama atanapi etika. Dina kahirupan sadidinten etika teh ngurung tilu widang, nyaeta etika religi/agama, etika filsafat sareng etika sosial. Unggal kulawarga kedah narekahan sangkan anggota kulawargana henteu mengpar tina etika anu tilu widang ieu.
- Dongeng Sasakala: KUYA NGAGANDONG IMAHNA
16 May 2002 - 3:01 am
Jaman baheula pisan aya kuya imah-imah di sisi muara. Ari gawena saban poe ngahuma. Getol ngahumana teh, indit subuh datang maghrib.
Dina hiji mangsa keur manehna aya dihuma, aya hujan angin gede naker. Tatangkalan loba nu rungkad. Imah kuya oge ka apungkeun, muragna brus ka leuwi, lep kalem.
Sakadang kuya sediheun pisan, barang nyampak imah na geus teu aya teh. Isukna deg deui ngadegkeun imah nu tohaga, supaya ulah kabawa deui ku angin.- Dongeng Sasakala: BIRUANG JADI GALAK
16 May 2002 - 2:39 am
Baheula biruang atawa ontohod teh bejana bageur, malah sok daek tutulung ka jelema. Ieu dihandap aya dongen hiji biruang jeung jurutani. Aya hiji jurutani boga sawah disisi leuweung, sarta sosobatan jeung biruang. Waktu sawahna dipelakan pare, unggal peuting sok dijaga ku biruang. Atuh senang jurutani teh, datangna kasawah ti beurang wungkul.




















