Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci balik (53)
- Kawih Sunda III
21 May 2002 - 1:24 am
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan
Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan
Mojang ti Priangan
Lucu sae atikan
Sae basa sopan
Mojang Priangan- Kawih Sunda II
21 May 2002 - 1:17 am
Lembur matuh, naha atuh
Milih bandung kota kembang
Bandung nu heurin ku tangtung
Sasakala sangkuriang
Dilingkung ku gunung-gunung
Gunung cupu mandala ayu
Hayu sindang ka sumedang
Ngan pacuan ngarangrangan- Dongeng Sasakala: KUYA NGAGANDONG IMAHNA
16 May 2002 - 3:01 am
Jaman baheula pisan aya kuya imah-imah di sisi muara. Ari gawena saban poe ngahuma. Getol ngahumana teh, indit subuh datang maghrib.
Dina hiji mangsa keur manehna aya dihuma, aya hujan angin gede naker. Tatangkalan loba nu rungkad. Imah kuya oge ka apungkeun, muragna brus ka leuwi, lep kalem.
Sakadang kuya sediheun pisan, barang nyampak imah na geus teu aya teh. Isukna deg deui ngadegkeun imah nu tohaga, supaya ulah kabawa deui ku angin.- Dongeng Sasakala: MANUK BUEUK
16 May 2002 - 2:48 am
Dihiji lembur aya dua jalma awewe lalaki nu karek ngawangun rumah tangga. Sapopoe, saminggu tug nepi ka sabulan mah maranehna teh katempo kacida layeutna. Tapi lila ti lila jadi mindeng kadenge dog dag pasea. Pangpangna salakina anu boga sifat goring teh, barangasan! Salah saeutik ge pamajikanana teu weleh di haok, malah mindeng dibarengan ku gaplokna. Mun geus kitu, rajol tatanggana pikeun misah.
- Dongeng Sasakala: BIRUANG JADI GALAK
16 May 2002 - 2:39 am
Baheula biruang atawa ontohod teh bejana bageur, malah sok daek tutulung ka jelema. Ieu dihandap aya dongen hiji biruang jeung jurutani. Aya hiji jurutani boga sawah disisi leuweung, sarta sosobatan jeung biruang. Waktu sawahna dipelakan pare, unggal peuting sok dijaga ku biruang. Atuh senang jurutani teh, datangna kasawah ti beurang wungkul.




















