Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci ceurik (12)
- Kawih Sunda II
21 May 2002 - 1:17 am
Lembur matuh, naha atuh
Milih bandung kota kembang
Bandung nu heurin ku tangtung
Sasakala sangkuriang
Dilingkung ku gunung-gunung
Gunung cupu mandala ayu
Hayu sindang ka sumedang
Ngan pacuan ngarangrangan- Dongeng Sasakala: KUYA NGAGANDONG IMAHNA
16 May 2002 - 3:01 am
Jaman baheula pisan aya kuya imah-imah di sisi muara. Ari gawena saban poe ngahuma. Getol ngahumana teh, indit subuh datang maghrib.
Dina hiji mangsa keur manehna aya dihuma, aya hujan angin gede naker. Tatangkalan loba nu rungkad. Imah kuya oge ka apungkeun, muragna brus ka leuwi, lep kalem.
Sakadang kuya sediheun pisan, barang nyampak imah na geus teu aya teh. Isukna deg deui ngadegkeun imah nu tohaga, supaya ulah kabawa deui ku angin.- BEREGEJED III
15 May 2002 - 1:56 am
Waktu Ki Sanip keur ngasuh incuna anu umur lima taun, kalayang teh aya langlayangan leupas luhureunana.
"Udag, Ki, Udag!" ceuk incuna bari nyurung-nyurung incuna.
Sabenerna Ki Sanip teh geus kolot, geus bongkok.
Leumpang ge dongko komo ieu kudu lumpat. Tapi dasar nyaah ka incu, ngan beretek we manehna lumpat ngudag langlayangan. Tapi hanjakal teu hasil.
Bari renghap ranjung manehna nyamperkeun incuna.
"Lapur Cu, teu kaudag."
"Tuda Aki mah salah. Lumpatna bari jeung dongko sagala. Pan geus puguh langlayangan mah diluhur, teu kudu dodongkoan siga neangan duit leungit, Ki!" ceuk incuna, ngagelendeng semu nu keuheul pisan.- BEREGEJED I
14 Feb 2002 - 4:11 am
Dina kareta api Bandung-Banjar, aya nini-nini diuk pahareup-hareup jeung pamuda.
"Punten wae, Encep, Nini bade tumaros. Dupi Encep teh Roy Marten tea?"
"Sanes, Nini. Abdi mah Uned," tembal si pamuda.
Sanggeus tepi ka Cicalengka, si nini nanya deui, "leres Encep teh sanes Roy Marten?"
"Ituh, disanes-sanes teh. Abdi mah Uned," tembalna deui.
Barang geus tepi ka Ciamis, geus pok deui nini-nini teh nanya, "Encep teh leres Roy Marten, nya?"
"Enya atuh, Nini," tembalna, semu keuheul.
"Tapi," ceuk si nini, "naha nya encep mah teu siga Roy Marten."- LAGU-LAGU PANAMBIH TEMBANG SUNDA(Manglean II)
5 Feb 2002 - 10:10 pm
Lagu-Lagu Panambih biasa digunakeun nalika mamaos Cianjuran/Tembang Sunda. Biasana upami parantos nembangkeun lagu poko nembe ditema ku lagu Panambih. Waditra nu mirigna iwal ti kacapi indung disarengan ku rincik, suling atanapi rebab.
Kapungkur mah anu sok nembangkeun lagu panambih teh mung juru mamaos istri, nanging ayeuna mah juru mamaos pameget oge sok pirajeunan ngiring nembangkeun lagu Panambih. Istilah lagu Panambih kapungkur sok disebat oge lagu Ekstra husus dianggo dina istilah tembang Sunda/Cianjuran, da upami piriganana ku kiliningan atanpi waditra nu liana mah disebat lagu Kawih bae. Kanggo anu seneng Tembang Sunda/Cianjuran sumangga dihaturanan ngahariring lagu Panambih dina Manglean ka-II.




















