Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci ending (18)
- BASA INDUNG PITUDUH PIKEUN HIRUP APANJANG-APUNJUNGKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga
13 Jun 2002 - 7:00 am
Upami urang nengetan sareng ngalenyepan "hariring indung" dina rumpaka di luhur ku urang bakal karaos pisan, ayana rupi-rupi rasa: harepan, kanyaah, kaiklasan, cita-cita, du'a ti nu jadi indung ka putrana nu jadi jimat manah kembang soca pupunden ati ibu ramana. Ti nalika jabang bayi aya dina lebet kandungan keneh, nu jadi indung mah parantos galecok "sasauran" sareng putra nu dikandungna, basana teh: "Utun-Inji, jabang bayi, masing lulus-banglus, berkah salamet, jauh balai-parek rejeki, pait daging pahang tulang. Amit-amit jabang bayi, ulah rek saturut-turutna, ari lain turutaneun mah, ulah sadenge-dengena ari lain dengekeuneunana, ulah satenjo-tenjona ari lain tenjoeunana, ulah saomong-omongna ari lain omongkeuneunana.
- Kawih Sunda III
21 May 2002 - 1:24 am
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan
Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan
Mojang ti Priangan
Lucu sae atikan
Sae basa sopan
Mojang Priangan- Kawih Sunda II
21 May 2002 - 1:17 am
Lembur matuh, naha atuh
Milih bandung kota kembang
Bandung nu heurin ku tangtung
Sasakala sangkuriang
Dilingkung ku gunung-gunung
Gunung cupu mandala ayu
Hayu sindang ka sumedang
Ngan pacuan ngarangrangan- PITUDUH SINGGET TIORI DRAMAKu: Drs. H.R. Hidayat Suryalaga
21 Mar 2002 - 5:55 am
Carita drama mibanda unsur-unsur nu sami sareng karya sastra sanesna, upamina sareng novel, roman atanapi carita pondok. Mung dina naskah drama mah, kumargi kanggo gelarkeuneun, unsur carita teh kedah aya pangropea nu husus, pang-pangna dina plot, sareng watek.
Wangun drama sok disebut oge bagan drama, rarancang, rangka drama, atanapi galur drama (damatic line). Aya sawatara pamendak ngeunaan wangun drama teh, nanging urang ngabantun anu basajan bae nya eta nu disebat wangun Aristotelian, numutkeun pamendakna Aristoteles Budayawan Yunani baheula.- Ir. RGS Soeria Danoe NingratDalam Bekerja Harus Loyal Pada Institusi Bukan Kepada Orang
17 Oct 2001 - 7:24 am
Di kalangan aktifis dan pelaku bisnis bidang Pertanian dan Perkebunan Ir. RGS Soeria Danoe Ningrat bukanlah nama yang asing. Beliau adalah salah seorang Putera Sunda yang tekun, loyal dan mempunyai prinsip yang kuat serta selalu menjaga amanah atas kepercayaan yang diberikan kepadanya. Sehingga tidaklah mengherankan apabila beberapa perusahaan yang dipimpinnya selalu menghasilkan nilai tambah khususnya di bidang perkebunan teh.
Ir. RGS Soeria Danoe Ningrat atau yang lebih dikenal dengan panggilan akrab Goembira ini, dilahirkan di Sukabumi pada tanggal 17 Januari 1936. Ayahnya RAAM Soeria Danoe Ningrat teureuh Sumedanglarang, Sukapura dan Ciamis, pernah menjabat Bupati Sukabumi periode 1933-1942 dan diangkat kembali pada tahun 1947-1951. Sedangkan ibunya berasal dari Pangalengan, Kabupaten Bandung.





















