Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci lakon (24)
- TEMBANG SUNDA LARAS SOROG I
17 Oct 2002 - 4:22 am
Tembang Sunda nu kapungkur sok disebat Cianjuran, mangrupi kasenian klasik Sunda anu henteu luntur ku usum henteu laas ku jaman. Kawitna Tembang Sunda teh mung kalangenan para santana di kabupaten sareng lingkungan anu tinangtos bae, nanging ayeuna mah parantos prah di mana-mana. Pakempelan Tembang Sunda dugdeg, meh diunggal Kabupaten aya. Anu panganyarna nyaeta pakempelan tembang Sunda ARDACANDRA, di babancong Pendopo Kabupaten Bandung.
- SI KABAYAN NGAKU HATUT
11 Jul 2002 - 5:45 am
Si Kabayan boga kiai beuki hatut, barang kiaina endek kawin ngumaha ka Si Kabayan, cek kiaina, "Kumaha Kabayan aing dek kawin, tapi dia nyaho lamun aing eta bosen teu ilok karasa deui laju hatut bae, atuh."
Cek Si Kabayan, "Cocokan bae jubur kiai."
Cek Kiaina, "Ari dicocokan matak mules beuteung engke lesot bae cocokna nyebrot kaluar jeung bukurna, beuki matak isin; jadi kieu geh; lamun engke aing nyembah ka mitoha dia ulah jauh nuturkeun ti burieun aing, ari aing hatut aku bae ku dia, ja dia mah lain panganten ieuh, moal isin, engke dia ku aing diupahan ali cacag nangka, kop tah alina."- Naskah Kuna: WAWACAN LUTUNG KASARUNGOleh: Drs. H. Rd. Hidayat Suryalaga
11 Jul 2002 - 4:55 am
Meureun hidep ge geus nguping, carios sepuh baheula, aya dongeng anu rame, carita pantun asalna, asli dongeng ti Sunda, carita Lutung Kasarung, kieu geura lalakonna.
Kacaturkeun hiji wanci, tempatna di Kahiangan, bujangga karempel kabeh, para pohaci harempak, sareng hiji satria, kasep putra Sunan ambu, nu jenengan Guru Minda.- Kawih Sunda II
21 May 2002 - 1:17 am
Lembur matuh, naha atuh
Milih bandung kota kembang
Bandung nu heurin ku tangtung
Sasakala sangkuriang
Dilingkung ku gunung-gunung
Gunung cupu mandala ayu
Hayu sindang ka sumedang
Ngan pacuan ngarangrangan- Kawih Sunda I
21 May 2002 - 1:05 am
Kanggo nyaosan anu mikapalay supados lagu-lagu/kawih Sunda diwuwuhan deui, ieu kahaturkeun. Kapayunna bade dirempegan ku lagu-lagu panambih Tembang Sunda/Cianjuran. Aya oge anu mundut supados dimuat lagu poko Tembang Sunda/Cianjuran. Insya-Alloh hiji waktos mah tiasa kasubadanan.
Sumangga wilujeng ngahariring, mulangkeun panineungan, ngawawaas anjeun di pangumbaraan.





















