Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci lalakon (15)
- BEREGEJED I
14 Feb 2002 - 4:11 am
Dina kareta api Bandung-Banjar, aya nini-nini diuk pahareup-hareup jeung pamuda.
"Punten wae, Encep, Nini bade tumaros. Dupi Encep teh Roy Marten tea?"
"Sanes, Nini. Abdi mah Uned," tembal si pamuda.
Sanggeus tepi ka Cicalengka, si nini nanya deui, "leres Encep teh sanes Roy Marten?"
"Ituh, disanes-sanes teh. Abdi mah Uned," tembalna deui.
Barang geus tepi ka Ciamis, geus pok deui nini-nini teh nanya, "Encep teh leres Roy Marten, nya?"
"Enya atuh, Nini," tembalna, semu keuheul.
"Tapi," ceuk si nini, "naha nya encep mah teu siga Roy Marten."- Dongeng Sasakala: TOKE
11 Feb 2002 - 2:24 am
Aya budak miskin, ngaranna Si Teka. Manehna hayang boga elmu, tuluy guguru. Tapi ku Pandita dijieun juru betek, henteu diangken murid cara anu sejen. Unggal poe ti isuk-isuk nepi ka peuting digawekeun taya reureuhna. Meunang sababaraha taun di patapaan teh teu nyaho di alip bingkeng-bingkeng acan, cek babasan tea mah, da tara diwuruk.
- LAGU–LAGU KAWIH SUNDA(Manglean I)
5 Feb 2002 - 8:46 pm
Dina kandaga kabeungharan seni swara Sunda aya nu disebat KAWIH aya nu dipirig ku waditra aya oge anu ditambul bae. Piriganana tiasa ku kilinihgan, degung, kacapian, calung, angklung, malah tiasa bae ku alat musik moderen oge.
Rumpaka lalaguan Kawih kalintang seueurna, malah seueur anu parantos dianggap klasi upamina bae Es Lilin, Awi Ngarambat, Manuk Dadali, Budak Ceurik jeung sajabana ti eta. Kanggo panglejar kalbu mangga ku para wargi SundaNet.Com dihahariringkeun. Ayeuna nembe kahaturkeun Mangalean ka-I.- KUMPULAN SAJAK SUNDA
7 Jan 2002 - 12:26 am
Sajak Sunda umurna teh geus leuwih ti satengah abad. Kitu sotenan lamun diukur ti mimiti Kis Ws nulis sajak, dituturkeun ku KTS (Kadir Tisna Sudjana), ditema ku "Polemik" ngeunaan hak hirup sajak, sarta nepi ka baranahan tug nepi ka kiwari. Mapay lalakon nu sakitu panjangna teh, tangtu we urang bakal panggih jeung patok-patok anu kawilang tingjalegir, kayaning: Kis Ws, Sayudi, Ayip Rosidi, Surachman RM, Wahyu Wibisana, Rachmat M.Sas Karana, Usep Romli, tug nepi ka Godi Suwarna.
- SAWANGAN KANA AJEN INAJEN NU DIKANDUNG DINA KECAP SUNDANumutkeun Leksikografis, Etimologis, Semantis, Heurmanetik
14 Sep 2001 - 12:00 am
Upami dietang kecap Sunda teh numutkeun papayan etimologi aya 25 hartos. Tiasa jadi baris nambihan deui saupami leukeun mapay kamus basa sanesna, upami bae dina kamus Basa Kawi-Perancis, hartos kecap Sunda nya eta Kacida pisan endahna tur hejo ngemploh (Viviane Sukanda Tessier, dina diskusi pengamat Kabudayaan, 1990).




















