Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci najan (41)
- PARIBASA ANYAR
11 Nov 2002 - 2:20 pm
Ku saliwat mah kabeungharan paribasa Sunda teh henteu ngarekahan henteu nambahan. Lolobana nu diparake teh paribasa nu geus nyampak (sampakan). Ku kituna teu saeutik paribasa anu harti kecapna malah harti eta paribasa geus teu kapahameun deui ku balarea, kulantaran boh kecapna boh barang atawa pasipatan anu dituduhkeun ku eta kecap geus teu dipiwanoh deui ku masarakat.
- TEMBANG SUNDA LARAS SOROG II
25 Oct 2002 - 4:25 pm
Kelanjutan dari artikel sebelumnya: "TEMBANG SUNDA LARAS SOROG I".
- TEMBANG SUNDA LARAS SOROG I
17 Oct 2002 - 4:22 am
Tembang Sunda nu kapungkur sok disebat Cianjuran, mangrupi kasenian klasik Sunda anu henteu luntur ku usum henteu laas ku jaman. Kawitna Tembang Sunda teh mung kalangenan para santana di kabupaten sareng lingkungan anu tinangtos bae, nanging ayeuna mah parantos prah di mana-mana. Pakempelan Tembang Sunda dugdeg, meh diunggal Kabupaten aya. Anu panganyarna nyaeta pakempelan tembang Sunda ARDACANDRA, di babancong Pendopo Kabupaten Bandung.
- SI KABAYAN NGAKU HATUT
11 Jul 2002 - 5:45 am
Si Kabayan boga kiai beuki hatut, barang kiaina endek kawin ngumaha ka Si Kabayan, cek kiaina, "Kumaha Kabayan aing dek kawin, tapi dia nyaho lamun aing eta bosen teu ilok karasa deui laju hatut bae, atuh."
Cek Si Kabayan, "Cocokan bae jubur kiai."
Cek Kiaina, "Ari dicocokan matak mules beuteung engke lesot bae cocokna nyebrot kaluar jeung bukurna, beuki matak isin; jadi kieu geh; lamun engke aing nyembah ka mitoha dia ulah jauh nuturkeun ti burieun aing, ari aing hatut aku bae ku dia, ja dia mah lain panganten ieuh, moal isin, engke dia ku aing diupahan ali cacag nangka, kop tah alina."- BASA INDUNG PITUDUH PIKEUN HIRUP APANJANG-APUNJUNGKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga
13 Jun 2002 - 7:00 am
Upami urang nengetan sareng ngalenyepan "hariring indung" dina rumpaka di luhur ku urang bakal karaos pisan, ayana rupi-rupi rasa: harepan, kanyaah, kaiklasan, cita-cita, du'a ti nu jadi indung ka putrana nu jadi jimat manah kembang soca pupunden ati ibu ramana. Ti nalika jabang bayi aya dina lebet kandungan keneh, nu jadi indung mah parantos galecok "sasauran" sareng putra nu dikandungna, basana teh: "Utun-Inji, jabang bayi, masing lulus-banglus, berkah salamet, jauh balai-parek rejeki, pait daging pahang tulang. Amit-amit jabang bayi, ulah rek saturut-turutna, ari lain turutaneun mah, ulah sadenge-dengena ari lain dengekeuneunana, ulah satenjo-tenjona ari lain tenjoeunana, ulah saomong-omongna ari lain omongkeuneunana.




















