Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci nganteur (10)
- BEREGEJED III
15 May 2002 - 1:56 am
Waktu Ki Sanip keur ngasuh incuna anu umur lima taun, kalayang teh aya langlayangan leupas luhureunana.
"Udag, Ki, Udag!" ceuk incuna bari nyurung-nyurung incuna.
Sabenerna Ki Sanip teh geus kolot, geus bongkok.
Leumpang ge dongko komo ieu kudu lumpat. Tapi dasar nyaah ka incu, ngan beretek we manehna lumpat ngudag langlayangan. Tapi hanjakal teu hasil.
Bari renghap ranjung manehna nyamperkeun incuna.
"Lapur Cu, teu kaudag."
"Tuda Aki mah salah. Lumpatna bari jeung dongko sagala. Pan geus puguh langlayangan mah diluhur, teu kudu dodongkoan siga neangan duit leungit, Ki!" ceuk incuna, ngagelendeng semu nu keuheul pisan.- PITUDUH SINGGET TIORI DRAMAKu: Drs. H.R. Hidayat Suryalaga
21 Mar 2002 - 5:55 am
Carita drama mibanda unsur-unsur nu sami sareng karya sastra sanesna, upamina sareng novel, roman atanapi carita pondok. Mung dina naskah drama mah, kumargi kanggo gelarkeuneun, unsur carita teh kedah aya pangropea nu husus, pang-pangna dina plot, sareng watek.
Wangun drama sok disebut oge bagan drama, rarancang, rangka drama, atanapi galur drama (damatic line). Aya sawatara pamendak ngeunaan wangun drama teh, nanging urang ngabantun anu basajan bae nya eta nu disebat wangun Aristotelian, numutkeun pamendakna Aristoteles Budayawan Yunani baheula.- BEREGEJED II
11 Mar 2002 - 3:23 am
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki.
"Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?"
"Kumaha jalmina?"
"Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200 kg!"
"Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
"Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!"- Dongeng Sasakala: KUDA
1 Mar 2002 - 2:34 am
Jaman baheula beh ditueun baheula waktu sasatoan barisa keneh ngomong cara jelema, di hiji leuweung aya hiji sato gede. Eta sato ngadenge beja, yen di dunya aya manusa sarta pinter pisan akalna. Eta sato hayangeun nyaho, kumaha rupana manusa teh, jeung haying nyaho kapinteranana.
- AJEN INAJEN KAMANUSAAN KACIDA PENTINGNA DINA ALAM KASAJAGATANKongres Basa Sunda VII
23 Oct 2001 - 11:47 pm
Ayana Kongres Basa Sunda VII iwal ti pikeun nyumponan garapan gawe LBSS nu geus dirarancang ti anggalna, karasa pisan perluna pikeun ngahirup-huripkeun Basa Sunda dina pajamanan kiwari anu kaayaanana geus loba robahna. Upamana bae ku lantaran ayana parobahan kawijakan kanagaraan, anu tadina sumender kana sentralistik kiwari ngeser kana desentralisasi/Otonomi Daerah (Otda).




















