Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci ngarah (21)
- Pupuh
29 May 2002 - 1:57 am
Ieu Aya papatah lenyepaneun urang sadaya, aya dina wangun pupuh iasanna kasepuhan urang sadaya R.A.A. Soeria Danoeningrat. Tapi kade ah, lamun urang:
Loehoer pangkat dipake basilat
Gede kawasa dipake merkosa,
Soegih beunghar dipake teu wadjar.- Kawih Sunda III
21 May 2002 - 1:24 am
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan
Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan
Mojang ti Priangan
Lucu sae atikan
Sae basa sopan
Mojang Priangan- Dongeng Sasakala: KUYA NGAGANDONG IMAHNA
16 May 2002 - 3:01 am
Jaman baheula pisan aya kuya imah-imah di sisi muara. Ari gawena saban poe ngahuma. Getol ngahumana teh, indit subuh datang maghrib.
Dina hiji mangsa keur manehna aya dihuma, aya hujan angin gede naker. Tatangkalan loba nu rungkad. Imah kuya oge ka apungkeun, muragna brus ka leuwi, lep kalem.
Sakadang kuya sediheun pisan, barang nyampak imah na geus teu aya teh. Isukna deg deui ngadegkeun imah nu tohaga, supaya ulah kabawa deui ku angin.- Dongeng Sasakala: BIRUANG JADI GALAK
16 May 2002 - 2:39 am
Baheula biruang atawa ontohod teh bejana bageur, malah sok daek tutulung ka jelema. Ieu dihandap aya dongen hiji biruang jeung jurutani. Aya hiji jurutani boga sawah disisi leuweung, sarta sosobatan jeung biruang. Waktu sawahna dipelakan pare, unggal peuting sok dijaga ku biruang. Atuh senang jurutani teh, datangna kasawah ti beurang wungkul.
- BEREGEJED III
15 May 2002 - 1:56 am
Waktu Ki Sanip keur ngasuh incuna anu umur lima taun, kalayang teh aya langlayangan leupas luhureunana.
"Udag, Ki, Udag!" ceuk incuna bari nyurung-nyurung incuna.
Sabenerna Ki Sanip teh geus kolot, geus bongkok.
Leumpang ge dongko komo ieu kudu lumpat. Tapi dasar nyaah ka incu, ngan beretek we manehna lumpat ngudag langlayangan. Tapi hanjakal teu hasil.
Bari renghap ranjung manehna nyamperkeun incuna.
"Lapur Cu, teu kaudag."
"Tuda Aki mah salah. Lumpatna bari jeung dongko sagala. Pan geus puguh langlayangan mah diluhur, teu kudu dodongkoan siga neangan duit leungit, Ki!" ceuk incuna, ngagelendeng semu nu keuheul pisan.





















