Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci rancag (14)
- H. RAHMATULLAH ADING AFFANDIE (RAF)"Nanjeurkeun Seni Islami jeung Budaya Sunda"
10 Feb 2003 - 12:45 am
Bagi yang memiliki hobi mengarang tetapi sulit mendapatkan ide, kelihatannya harus belajar dulu pada RAF. Tentang hal ini banyak yang sepakat, bahkan meyakini bahwa RAF memiliki "Jimat" khusus untuk mendatangkan ide. Bagaimanapun sulitnya ide, melalui dirinya ide tersebut akan didapatkan.
Walaupun usianya sudah lebih dari 73 tahun, juga akhir-akhir ini sering menderita sakit, daya imajinasinya masih lincah. "Pangarang profesional kudu bisa nulis iraha wae. Teu kudu ngadagoan "mood" mun rek nulis teh. Teu beda jeung wartawan, nulis teh lain lantaran keur daek, tapi hiji kawajiban," paparnya penuh semangat.- TEMBANG SUNDA LARAS SOROG I
17 Oct 2002 - 4:22 am
Tembang Sunda nu kapungkur sok disebat Cianjuran, mangrupi kasenian klasik Sunda anu henteu luntur ku usum henteu laas ku jaman. Kawitna Tembang Sunda teh mung kalangenan para santana di kabupaten sareng lingkungan anu tinangtos bae, nanging ayeuna mah parantos prah di mana-mana. Pakempelan Tembang Sunda dugdeg, meh diunggal Kabupaten aya. Anu panganyarna nyaeta pakempelan tembang Sunda ARDACANDRA, di babancong Pendopo Kabupaten Bandung.
- UPACARA NGARAS INgawasuh Dampal Sampean Ibu & Rama ku Putrana dina Runtuyan Upacara Nikah Adat Sunda
7 Oct 2002 - 1:39 am
Dina danget ayeuna, upacara Ngaras, parantos prah diaranggo, pangpangna ku juru rias, sareng para ahli nu ngajejeran upacara nikah adat Sunda boh di dayeuh boh di pilemburan. Malah parantos ngawitan aya seler bangsa (etnis) non Sunda, anu "kabita" ku upacara ngaras. Dugi ka-anjeunna palay ngalaksanakeun upacara ngaras nalika nikahkeun putra-putrana. Sim kuring pribadi nyiptakeun upacara ngaras teh taun 1983. Ti harita mah kaetang sering ngajejeran acara ngaras di lingkungan urang Sunda, kantos oge ngalaksanakeun upacara ngaras di lingkungan kulawarga (etnis) Betawi, Jawa, Padang, Batak, Menado, Bengkulu, Palembang, malah kantos nu salasawios pangantenna bangsa Perancis, Amerika, Jepang sareng Cina, nanging anu parantos ngagem agama Islam; margi ieu upacara ti awitna mula pamianganana teh tina ajen-inajen anu Islami.
- TATA-TITI DUDUGA PRAYOGA PANYANGREUD KARAHAYUAN KULAWARGAKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga
13 Jun 2002 - 6:30 am
Urang Sunda tangtos mikawanoh paribasa anu unina: tata-titi duduga prayoga, anu ieu sadayana kawengku ku tatakrama atanapi etika. Dina kahirupan sadidinten etika teh ngurung tilu widang, nyaeta etika religi/agama, etika filsafat sareng etika sosial. Unggal kulawarga kedah narekahan sangkan anggota kulawargana henteu mengpar tina etika anu tilu widang ieu.
- AJEN INAJEN KAMANUSAAN KACIDA PENTINGNA DINA ALAM KASAJAGATANKongres Basa Sunda VII
23 Oct 2001 - 11:47 pm
Ayana Kongres Basa Sunda VII iwal ti pikeun nyumponan garapan gawe LBSS nu geus dirarancang ti anggalna, karasa pisan perluna pikeun ngahirup-huripkeun Basa Sunda dina pajamanan kiwari anu kaayaanana geus loba robahna. Upamana bae ku lantaran ayana parobahan kawijakan kanagaraan, anu tadina sumender kana sentralistik kiwari ngeser kana desentralisasi/Otonomi Daerah (Otda).




















