Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci tujuh (26)
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 2)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 19 d/k 30
20 Dec 2002 - 1:11 am
11. CAHAYA KILAT SAJORELAT (:2/19) - rhs, 2 Syawal 1421 H
- Pareng leumpang tengah peuting, poek mongkleng sepi jempling,
ngadadak baranyay kilat, serab kilat sajorelat. - Jelebet sorana tarik, dunya eundeur rek tibalik,
tinggorowok tingkoceak, asa kiamat ngadadak. - Gelap dor-dar tingjelegur, dunya asa arek lebur,
nu munapek tingjarerit, sieun maot jadi mayit. - Careurik aluk-alukan, anak bojo dicalukan,
tapi taya nu nembalan, hayang salamet sorangan. - Kitu misil nu munapek, leumpang ngatog di nu poek,
uyup-ayap rungah-ringeuh, hatena tagiwur riweuh. - Nu munapek lolong hate, teu apal goreng jeung hade,
cilaka estu cilaka, nu munapek ka naraka. - Alloh Nu Maha Ngamurba, ngamurba ka sadayana,
sadaya mahluk Mantenna, Alloh Nu Maha Kawasa.
- Pareng leumpang tengah peuting, poek mongkleng sepi jempling,
- Naskah Kuna: WAWACAN LUTUNG KASARUNGOleh: Drs. H. Rd. Hidayat Suryalaga
11 Jul 2002 - 4:55 am
Meureun hidep ge geus nguping, carios sepuh baheula, aya dongeng anu rame, carita pantun asalna, asli dongeng ti Sunda, carita Lutung Kasarung, kieu geura lalakonna.
Kacaturkeun hiji wanci, tempatna di Kahiangan, bujangga karempel kabeh, para pohaci harempak, sareng hiji satria, kasep putra Sunan ambu, nu jenengan Guru Minda.- THE CELESTINE PROPHECY(Manuskrip Celestine anu medar Konsep Evolusi Manusa jeung Kamanusaanana)
25 Apr 2002 - 3:54 am
Buku The Celestine Prophecy, karangan James Redfield ditarjamahkeun ku Alfons Taryadi. diterbitkeun ku Gramedia Pustaka Utama, 1999, citakan ka-3 kaitung buku nu laris, malah loba panganutna, kaasup di Indonesia oge. Ceuk beja mah ieu buku teh gambaran tina pamadeganana kelompok Greenpeace, anu miharep kapiarana lingkungan alam di sakuliah bumi.
Pamadeganana miang tina alam transenden - spiritual - pangpangna kamekaran spiritual personal anu cenah boh ku elmu pangaweruh, ku filsafat malah ku agama oge hal nu transenden spiritual ieu teh can bisa katerangkeun kalawan eces. Aya udagan anu dasar pisan nu rek dihontal ku The Celestine Prophercy nyaeta perlu ayana definisi anyar, pangpangna nu ngeunaan HAKEKAT TUHAN jeung HUBUNGAN URANG JEUNG TUHAN (kaca:51)- BEREGEJED II
11 Mar 2002 - 3:23 am
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki.
"Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?"
"Kumaha jalmina?"
"Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200 kg!"
"Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
"Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!"- 100 BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDAKu: Drs. Tatang Sumarsono
11 Feb 2002 - 2:21 am
Babasan jeung Paribasa Sunda mangrupa bagian tina kahirupan tur milu ngajembaran Basa Sunda sarta miboga kalungguhan anu penting pikeun panyaturna. Tacan kapaluruh sacara pasti, komo mun tepi kabilangan taunna, ti mimiti iraha gelarna eta rupa-rupa babasan jeung paribasa teh; ngan wae gede kamungkinan henteu sawaktu. Dina harti, mungkin aya anu gelarna geus heubeul pisan jeung deuih anu diduga rada beh dieu. Anu dipake ukuran heubeul jeung anyar teh diantarana ungkara kecap atawa frasa, adegan kalimah, atawa eusi anu dikandungna.




















